Ku: Aldy Istanzia Wiguna*
Bubuka
Persatuan Islam (singgetan ilaharna mah PERSIS) ngadeg di Bandung dina ping 12 Séptémber 1923 ku Haji Zam-zam jeung Haji Yunus. Mimitina mah tina study club anu ngawahas pasualan-pasualan kaumatan, utamana pasualan-pasualan anu aya patalina jeung pabid’ahan, khurafat jeung tahayul, ieu organisasi téh tuluy obah jadi hiji gerakan dakwah anu kelirna puritan. Aya mangsana kelir dakwah Persatuan Islam téh lain ngan wungkul disorang ti mimbar ka mimbar, tatapi ngaliwatan tulisan-tulisan para alim-ulamana, liwat pustaka mangsa (media massa) winangun majalah, ogé buku-buku anu dipedalkeun. Majalah-majalah Persatua Islam dina saban watuna, matak narik tur miboga nu maracana sorangan, saperti majalah Pembela Islam, Al-Lisaan, At-Taqwaa, Himayatul Islam, Risalah, Al-Muslimun, Al-Fatwaa, Iber, jeung réa-réa deui.
Démi majalah-majalah anu kasebut di luhur, lia ti anu maké basa Indonésia atawa basa Malayu, aya ogé anu maké basa daérah, salasahijina nyaéta aya anu panganteurna maké basa Sunda, saperti majalah At-Taqwaa, Iber, jeung sawatara majalah lianna. Hadirna majalah-majalah Persatuan Islam anu medal dina basa daérah ieu, lumayan miboga peran anu penting, lian ti lantaran kalolobaan anggota Persatuan Islam téh asalna ti tatar Priangan, tatapi diaggep ogé jadi salasahiji sikep keur ngaraksa tur ngamumulé kana lumangsungna basa Sunda di daérah-daérah, sagédéngeun keur narik warga jami’yyah anu kalolobaanana maké basa Sunda dina hirup kumbuhna sapopoé harita. Kumaha lajuning lakuna lalampahan majalah jeung pustaka mangsa Persatuan Islam kasebut di luhur, kumaha ketakna dina raraga ngamumulé basa daérah/basa indung, sarta dakwah Persatuan Islam ka lembur-lembur singkur? Urang sabulang-béntor baé guar:
At-Taqwaa
Majalah At-Taqwaa téh hii majalah basa Sunda anu munggaran sumebar di sabudeureun Persatuan Islam. Ieu majalah téh medal taun 1936-1937. Medal deui taun 1959. Panaratasna nyaéta ustadz E. Abdurrahman jeung ustadz Qamaruddin Shaleh. At-Taqwaa édisi munggaran medal dina ping 15 Désémber 1936 atawa penernahna dina kaping 01 Syawwal 1355 H. Ieu majalah sakumaha kasubat-sabit dina panganteur, mangrupakeun hiji majalah basa Sunda munggaran di sakuliah Persatuan Islam. Dina ieu majalah, aya sawatara tulisan anu dipidangkeun ku penulis utamana saperti tulisan anu judulna, “Hadah”, “Srikandi Islam”, “Perang Sakoeroeng”, “Isam anoe Kapilih”, “Choetbah Lebaran”, anu ditulis ku KH. Qamaruddin Shaleh minangka bagian tablég ti PP. PERSIS.
Sakumaha majalah anu dipedalkeu ku Persatuan Islam lianna, majalah At-Taqwaa ogé miboga tagline husus anu ditulis di jilid majalahna, nyaéta: “maca At-Taqwaa kalayan teu mayar téh , sarua jeung panghalang kana kamajuan.” Lian ti kitu, majalah At-Taqwaa ieu harita dijual kalayan harga 0,15 gulden, alamat rédaksina di Jalan Léngkong Besar no. 90, Bandung.
Iber
Majalah Iber ogé majalah dakwah Persatuan Islam anu basa panganteurna ku basa Sunda. Ieu majalah mimiti medal ku Pingpinan Cabang Persis Kota Bandung, dina ping 01 Agustus 1967, panaratasna ku K.H. E. Abdullah. Sacara basa, numutkeun kasauran suwargina ustadz Émon Sastranegara dina taun 2010, anjeunna nétélakeun yén Iber téh hartina béja atawa pemberitahuan, di mana Iber téh ngan baris méré béja anu bener, utamana béja anu sumpingna tina al-Qur’an jeug as-Sunnah. Iber anu jadi média dakwah ieu miboga visi anu ku urang bisa katiténan langsung dina jilid hareupna, aya tulisan maké aksara leutik anu unina, “Siaran Persatuan Islam, Majalah Dakwah Basa Suda” kalayan susuluk “Basana Moal Basi”.
Mun mah urang nyobaan neguh, kawasna mah matak maké aya basa “Siaran Persatuan Islam”, kawasna rumpaka téh rék ngécéskeun yén Iber téh mawa visi jeung misi dakwahna Persatuan Islam anu museur kana nyalabarkeun eusining al-Qur’an jeung as-Sunnah. Sedeng ari jargon “Basana Moal Basi” mah nuduhkeun jeung negeskeun ka para mitra nu maraca yén kajian, eusi, jeung substansi anu aya sajeroeun Iber téh pamohalan kawatesan ku waktu jeung tanggal medalna. Ieu perkara geus tangtu aya patalina jeung jejer anu diguarna anu dumasar kana kajian al-Qur’an jeung as-Sunnah, anu mana salalawasna luyu jeung pajamanan. Ti dieu urang bisa nyurahan yén Iber téh miboga misi linuhung tur mulya, nyaéta umajak ka sakur masarakat sacara umum, husuna mah ka masyarakat Sunda, sangkan bisa ngalarapkeun kahadéan (khoir), bisa maréntahkeun nu ma’ruf jeung nyegah tina perkara anu munkar. Sanajan ari sacara bahasan mah geus ngaliwatan rohan jeung waktu, tatapi sacara eusi atawa substansi mah bisa kaalap nepi ka isug jaganing géto.
Minangka media dakwah jam’iyyah Persatuan Islam, Iber téh dikokolakeun ku para aktivis Persatuan Islam. Ti barang mimiti medal, Iber medal jadi media dakwah keur para anggota jeung simpatisan Persatuan Islam anu kalolobaanana sumebar di tatar Sunda. Ti antara para rumpakana nyaéta: KH. E. Adullah, KH. Emon Sastranegara, KH. M. Syarief Sukandi, KH. AD. Marzdedeq, KH. E. Nasrullah, jeung KH. Dedy Rahman. Bagéan tata usahana nyaéta Thomas Herman, bagéan ais pangampih ku Qomariyah Abdullah, juru duum ku Thahir Zaki, juru pair ku E. Manshur ZM, jeung kaligrafi/khat-na ku KH. Rahmat Nadjieb.
Anapon rubrik anu aya dina majalah Iber ieu, diwangun ku sawatara rubrik, antarana: rubrik Intisari, rubrik tafsir al-Qur’an, rubrik hadits, rubrik Istifta, rubrk tarekh, rubrik mufrodat, rubrik kabudayaan, jeung rubrik warta jam’iyyah, anu mana dina séwang-séwanganana éta rubrik téh midagkeun seratan ti para asatidz, anggota, sarta simpatisan Persatuan Islam atawa ti otonomna.
Dhuha
Majalah Dhuha mangrupakeu majalah dakwah anu panganteurna ku basa Sunda, medal ku Yayasan Dhuha. Ieu majalah téh panaratasna Haji Domiri Suramiharja. Alamat rédaksina aya di Jalan Terusan Buahbatu No. 225, Bojongsoang. Anapon Pamingpin Umumna nyaéta H. Domiri Suramiharja kalaya wakilana nyaéta KH. Zaé Nandang. Ari girang rumpakana nyaéta KH UA. Saéfudin sarta anggota rumpakana: Muhammad Iqbal, KH E. Zaé Nandang, jeung KH. UA Saéfudin. Keur urusan tata laksana, pancénna ku Muhammad Iqbal, juru gambarna ku Budi Riyanto, ari khot-na ku Irfan. Lian ti éta, sekrértaris rumpakana ku Dudi Winardi jeung bendahara umumna ku Tombang Ismail. Yuda Nugraha jeung Agus Ramdani anu janten juru duum. Ari anu gaduh pancén pemasaranana ku Asep Saefudin jeung Hafid Rahma. Anapon anu ngurus arsipna ku Efal Al-Faruq.
Ari rubrik anu aya sajeroeun majalah Dhuha ieu, diwangun ku rubrik: Fiqih Siasah, Bébér Layar, Handuru Lurung Kalbu, Makolah, Aqidah, Fiqih Ibadah, Ahlak, Fiqhud Da’wah, Hadis, Ghazwul Fikri, Kangkilaban, Siloka, Taréh Lenyepaneun, Sifat Salat Nabi, Alam Islami, Tafsir, Fiqih Mua’amalah, jeung Tamba Kawaranan.
Panutup
Mun urang niténan salalar tina lalakon tilu majalah dakwah anu basa panganteurna ku basa Sunda di Persatuan Islam saparti, At-Taqwaa, Iber, jeung Dhuha, tangtu bisa jadi hiji hal anu kalintang matak narik keur urang nuluykeun jeung ngahadirkeun deui éksisténsina. Mana komo mun urang imeut mah, kalolobaan anggota Persatuan Islam téh lolobana aya ti tatar Priangan anu teu mustahil ka hareupna mah majalah dakwah Persatuan Islam anu maké basa daérah ti wewengkon séjén ogé bisa milu éksis dina nanjeurkeun lalampahan dakwah Qur’an Sunnah a la Persatuan Islam, saperi maké basa Acéh, Batak, Minang, Malayu, Bugis, Maluku jeung basa daérah lianna, komo deuih mun urang imeut yén beuki deui téh beuki loba wilayah ambahan dakwah Persatuan Islam anu méh rék sumebar ka sakualiar pulo anu aya di ieu Nusantara.
Ayana majalah-majalah dakwah anu basa panganteurna ku basa indung ieu, lian ti larapna ngamumulé basa Indung (daérah) tatapi ogé jadi bagéan penting keur dakwah anu leuwih ngobét jero ka wewengkon-wewengkon dakwah séjénna sahingga eusi-eusi dakwah anu didugikeun ku para asatidzah Persatuan Islam téh bisa ditepikeun sahadé-hadéna. Hadirna ieu majalah-majalah dakwah anu maké basa Indung, lian tiayana ogé majalah anu maké basa Indonésia (basa nasional), sahenteuna bisa ngeuyeuban kandaga dakwah Persatuan Islam sarta baris ngadeukeutkeun dakwah Persatuan Islam ka masarakat salaku mad’u (mitra dakwah) dina raraga ngahadirkeun pameunteu Islam anu rahmatan lil-‘Aalamiin. Wallahu a’lam bish Shawwab.***
Sawatara Sumber Référénsi:
M. Federspiel, Howard. 2004. Labirin Ideologi Muslim, Jakarta: Serambi.
Majalah At-Taqwaa, édisi 01 tahun 1936.
Majalah Iber, édisi Désémber 1987.
Majalah Dhuha, édisi Maret 1997.
Prayana, Indra. 2021. Jejak Pers di Bandung, Bandung: Bandong.
Wildan, Dadan. 2011. Pergulatan Persatuan Islam dalam Dakwah di Tatar Sunda (Kajian Terhadap majalah Sunda “Iber” sebagai Media Dakwah Berbahasa Sunda, makalah.
*)Aldy Istanzia Wiguna, penulis.
SUMBER: MAJALAH IBER ANYAR | EDISI 03 TAUN II - OKTOBER - DESEMBER 2023
BACA JUGA:Sajak: Nu Pondok Umur