Jam'iyyah: Carita Dewan Hisbah

oleh Rumpaka Iber Anyar

02 Mei 2025 | 16:48

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

ku Ust. Pepen Irfan Fauzan



Kungsi aya hiji patarosan anu ahéng dina rohangan Istifta majalah Risalah, Nomor 125-126, sasih Novémber-Désémber 1973, kaca 301. Patarosan nu ka-404 éta teu naroskeun pasualan ritual-ibadah, padahal bag-bagan ‘ibadah téh nu sasarina jadi patarosan dina Istifta. Nu ngaping rubrik Istifta téhKH. E. Abdurrahman langsung, sabot anjeunna jeneng pamingpin Jam’iyyah Persatuan Islam (PERSIS) harita (1962-1983). Méméh Istifta, rohangan husus ‘sual-jawab’ bab agama asalna mah ngaranna “Kotak Masalah”. Rohangan ‘sual-jawab’ masalah agama éta janten iconic (ciri husus), menu wajib majalah Risalah saban medal unggal sasihna.


Balik deui kana patarosan di luhur anu teu ilahar téa. Naon atuh pangna harita kungsi aya perkara ahéng téh? Kieu lalakonna: aya jalma nu nanya liwat rohangan Istifta, ngaranna téh Murtab. Teu nyebutkeun urang manana mah, padahal ilaharna sok aya katerangan ngeunaan éta. Ku wasilahna rumpaka majalah Risalah,Ki Murtab téh nanya ka ustadz E. Abdurrahman, “naon anu disebut Déwan Hisbah téh?”


Sakumaha urang geus papada nyaho, dina Qanun Aasasi-Qanun Dachili taun 1968, jam’iyyah PERSIS ngabubarkeun Majelis Ulama. Gagantina nyaéta Déwan Hisbah (satuluyna disingget DH). Cék cenah, KH. M. Zamzam—nu ngadegkeun sakaligus pamingpin PERSIS munggaran—tos ngabentuk “Madjlis Oelama Persatoean Islam Bandoeng”. Aya kana tujuh urangan ulama PERSIS nu kaistrénan jadi anggota Madjlis. Putusan éta kaluar dina ping 20 Agustus 1934. Ngan alatan Jepang ngabuburak jam’iyyah PERSIS taun 1942, Madjlis Oelamana gé milu bubar.


Sabadana reorganisasi (mindo ngadeg) PERSIS 1948, ku aplukahna K.H. M. Isa Anshary— pamingpin PERSIS taun 1948-1960—ngahirupkeun deui Majelis Ulama PERSIS (satuluyna diwancah jadi MU). Samalah, Kiai Isa maheutkeun MU éta dina Qanun PERSIS, tuluy anjeunna nyahkeun MU dina Muktamar VI di Bandung, ping 15-18 Désémber 1956. Teu kitu hungkul, samalah anggota MU PERSIS téh boga kapapancénan jadi Ahlu Halli wa Aqdy PERSIS, salaput umurna.


Tugas pokok jeung fungsi (tupoksi) MU téh dibéjérbeaskeun dina Qanun Asasi PERSIS taun 1957. Ayana dina Bab V, pasal 1, ayat 1 dugi ka ayat 4, nyaéta: (1) Persatuan Islam miboga MU nu pancénna nalungtik jeung netepkeun hukum-hukum Islam dumasar kana kur’an jeung sunah, nu satuluyna Puseur Pimpinan nyiarkeun hasilna; (2) MU di-véto ku Puseur Pimpinan saumur hirupna; (3) Kalayan kalungguhanana salaku waratsatulAnbiya (ahli warisNabi), MU boga hak véto (hak pikeun nolak jeung ngabatalkeun) sakur putusan jeung léngkah anu dicokot ku tiap widang di jam’iyyah PERSIS; (4) Kaipiat gawéna MU diatur dina Qaidah MU.


Palanggeran di luhur téh obah dina Qanun Asasi-Qanun Dachili PERSIS taun 1968, dumasar hasil Muktamar VIII taun 1967 di Bandung. MU anu tohaga téh jadi leungit, sabab salin jinis jadi Déwan Hisbah. Lain ngan ukur béda ngaran, tapi kalungguhan jeung tupoksina gé béda. Sakur gempungan di daérah atawa di Cabang PERSI awal taun 1970-an,Puseur Pimpinan PERSIS nyiarkeun obahna Qanun ieu ka tasykil jeung anggota-anggota jam’iyyah. Teu cukup ngan ukur Qanun hungkul, bari jeung ngawewegan ogé ku Tafsir Qanun Asasi PERSIS—nyaéta pedaran resmi Qanun anu ditetepkeun ku jam’iyyah dina taun 1968. Aya nu kudu ditegeskeun jeung dicutat, nyaétademi Qanun Asasi-Qanun Dachili 1968 mah nu nyusunna ku “Panitia 14” anu diluluguan ku ustad Rusyad Nurdin jeung Ustad Junus Anis, tah ari Tafsir Qanun mah ditulis husus ku ustad E. Abdurrahman ku anjeun.


Qanun Asasi 1968 téh ngatur kalungguhan DH, dina Pasal 8. Eusi Pasal 8 aya dua ayat. Ayat kahiji nyebutkeun: “Puseur Pimpinan PERSIS nu ngabentuk DH”. Anapon pancén utamana DH téh aya dina ayat kaduana: “DH boga kawajiban mantuan Puseur Pimpinan dina perkara nalungtik hukum-hukum Islam tur sakaligus jadi nu nalingakeunana, sarta negor lamun aya nu ngarumpak hukum Islam, boh pamingpinna atawa anggota jam’iyyah, kalayan cara-cara anu husus”.


Tupoksi DH téh ditétélakeun leuwih jero dina Qanun Dachili 1968. Nyaéta dina Bab V, Pasal 20, 21, jeung 22. Cindekna, DH téh jadi wadah keur nalungtik hukum Islam sakaligus jadi nu ngawarahna. Ngan posisina aya sahandapeun Puseur Pimpinan jam’iyyah. Jadi, DH téh ngan ukur boga kawasa pikeun ngusulkeun tegoran/hukuman mun aya anu ngarumpak patwa ti Puseur Pimpinan. Anapon putusan jeung éksékusi nibankeun hukumanana, tetep Puseur Pimpinan anu kawasa, DH mah taya kawasa.


Rumusan kalungguhan jeung tupoksi DH nu aya dina Qanun taun 1968 téh kawasna matak hélok keur sawatarajamah PERSIS—sok komo jama'ah anu kungsi kaalaman MU anu tohaga téa. Naha MU bet kudu diganti ku DH? Tangtu ieu perkara téh aya gantar-kakaitna jeung kajadian ‘kecelakaan sejarah’ paciweuhna Muktamar PERSIS VII taun 1960 di Bangil.


Ieu Muktamar téh krusial pisan, jadi gujrud sabab ngadu-rényomkeun kamadang Kiai Isa Anshary anu hayang ngarobah PERSIS jadi partai politik kalayan maké ngaran anyar: “Jama’atul Muslimin”. Kalolobaan Muktamirin nampik sapajodogan kamandang éta, jadi sabab Muktamar téh paciweuh. Tah dina émprona paciweuhna Muktamar Bangil éta, MU PERSIS—selaku anggota permanén ahlu hall wal aqdy jam’iyyah—maké kawasa “hak véto”- na.


Mun mah MU téh kungsi aya “masalah” sabab nga-véto Muktamar Bangil 1960, naha atuh bet nepikeun kudu dibubarkeun? Pan bisa baé hak véto-na wé hungkul anu dipupus téh, ngaranna mah angger baé MU? Leuwih ti kitu, ngaran MU—salaku kumpulan ulama-ulama PERSIS— tangtu geus moal bireukeun deui ku anggota jama’ah PERSIS harita tibatan DH. Ana kitu gé, meureun matak bijil pananya ti Ki Murtab nu sakumaha kacutat di luhur, ieu pananya téh tangtu ngawakilan rasa panasaran ti para jama’ah harita. Atuh boa bisa jadi ngaran Murtab téh ogé sabenerna mah teu aya. Ngan ukur sakadar sandi asma keur nunjukeun “wawakil” ti umumna warga jam’iyyah PERSIS nu kapidangdung ku kabingung.



Waleran K.H.E.Abdurrahman


Balik deui kana patarosan Murtab dina majalah Risalah. Kieu waleran ustad E. Abdurrahman téh, urang tulis deui saujratna ku basa Malayu tina majalah Risalah taun 1973 téa:


“Pada tahun 1935, Almarhum Al-Ustadz A. Hassan mengangkat beberapa orang anggota Persatuan Islam di Bandung menjadi anggota Dewan Hisbah, yaitu pelengkap bahagian tabligh. Dari antara yang diangkat menjadi anggota Dewan Hisbahpada waktu itu ialah Sdr. Rd. Arsotenoyo dan Sdr. M. Encir yang dibantu beberapa orang lagi yang saya sudah tak ingat lagi nama-namanya. Tugasnya bukan bertabligh, atau memberi fatwa dan menjawab masalah- masalah, tapi mengawasi pelaksanaan dan mengusahakan agar Qanun dan putusan-putusan Jamiyyah, fatwa dan masalah yang sudah jelas keterangannya dita’ati dengan seragam, tidak dikhianati. Ruang gerak dan kesempatan untuk melakukan bid’ah dan maksiat di kalangan anggota diusahakan supaya menjadi sempit…” (Abdurrahman, 1973: 301).



Mun urang niténan pedaran ti ustadz E. Abdurrahman mah, DH téh geus aya ti taun 1935 kénéh—nu ngabentukna gé Tuan A. Hassan ku anjeun. Pancénna ngalengkepan garapeun Bahagian Tabligh PB PERSIS. Sawatara anggota nu kapeto jadi DH, aya urang jama’ah nu ti Bandung. Atuh pancénna téh lain tablég atawa méré patwa agama. Da maranéhna mah lain ulama.


Salaku anggota DH, pancénna nu utama téh jadi nu nalingakeun supaya eusining Qanun laksana, sakur putusan-putusan jam’iyyah jeung patwa agama anu dikaluarkeun ku ulama PERSIS, sangkan sakur anggota bisa tumut babarengan (saragam).


Ustadz E. Abdurrahman, ngaliwatan narasi historis (pedaran sajarah) ieu, rék nuduhkeun légitimasi lembaga DH. Lain ukur beunang ngaréka-réka, lain sakadar “diaya-aya” keur mupus MU. Da dina kanyataanana, DH téh geus aya ti baheula kénéh. Anu ngadegkeunana ogé lain jalma samanéa, tapi ku Tuan A. Hassan sorangan, guru utama PERSIS. Urang kudu paham, sajarah téh kapan miboga fungsi salaku “modal-legitimasi” anu épéktip!


Aya séjén deui tupoksi ti DH dina période 1935 éta. Teu ngan ukur jadi nu nalingakeun, tapi ogé jadi “nu nangtukeun jeung nu ngaping”. Diantarana Ustad Abdurrahman nétélakeun, fungsi séjén anggota DH téh dina raraga miara-mulasara anu kapapaténan:


“Dewan Hisbah…menjaga agar tidak dilakukan penipuan dan pelanggaran, mereka bukan hanya mencari-cari kesalahan…tetapi lebih diutamakan menjaga supaya jangan terjadi pelanggaran. Yang pernah dilakukan Persatuan Islam, mengusahakan bila ada anggota yang wafat, supaya ahli warisnya membuat satu pernyataan dan pemasrahan bahwa jinazah itu akan diurus secara Quran dan Hadits yang shahih…Para muballighin mendapat sorotan keras dari Dewan Hisbah, agar akhlaknya tetap baik, keikhlasan niatnya terpelihara…” (Abdurrahman, 1973: 303).


Lian ti medar sajarah DH di jam’iyyah, ustadz Abdurrahman ogé nyutat hadis shohéh anu diriwayatkeun ku Imam Muslim. Nyaéta katerangan Rosululloh SAW nalika mariksa hiji tukang dagang. Nabi negor si tukang dagang, sabab manéhna milampah salah nu baris ngarugikeun batur. Dumasar kana hadis shohéh éta, Ustad Abdurrahman gaduh kacindekan: “Tindakan Rasulullah yang seperti itulah yang diamanatken kepada Dewan Hisbah. Menjaga jangan terjadi pelanggaran. Mereka menegor dan bertindak memperbaiki bila terjadi” (Abdurrahman, 1973: 302). Yén sunah Rosul éta anu diamanahkeun ka DH, nyaéta ngariksa sangkan ulah nepikeun aya nu ngarumpak aturan. Maranéhna negor, ngageuing jeung ngoméan lamun pareng kajadian aya nu ngarumpak aturan, boh ku tasykil atawa anggota jam’iyyah.


Leuwih jerona mah ustad E. Abdurrahman ngajelaskeun sajarah lembaga DH siga lalakon ti jaman para sahabat Nabi, anu anggotana disebut “Muhtasib”. Teu hilap anjeunna nambahan ku nyutat katerangan ti para ulama, tumali jeung tupoksina DH. Anu intina aya rambat kamaléna jeung pancén amar ma’ruf nahi mungkar, ogé fungsi hakim. Semet dinya kasauran ustadz E. Abdurrahman dina majalah Risalah taun 1973 téh, legana ti mimiti kaca 301 tug kaca 304.


Timbangan Sajarah


Keur pangdeudeul catetan sajarahna, dina majalah Risalah, édisi No. 19 Maret 1964, aya bewara anu kapapaténan. Nyaéta, maotna hiji tokohPERSIS Bandung anu aktip jadi pangurus jam’iyyah ti jaman 1935. Kieu iberna téh ku basa Malayu:


“Saudara Kartapradja jang mula menghidupkan Persatuan Islam Tjabang Bandung dengan ruh serta ‘amalnja, terutama dalam bidang gerakan “Fonds Kematian dan Kursus Tabligh” th. 1935 telah pula wafat…” (Risalah, 1964: 29).


Tina warta majalah ieu, urang bisa napsirkeun yén Bahagian Tablig PB PERSIS taun 1935 ngabogaan sub-divisi, anu ngaranna: “Fonds Kematian dan Kursus Tabligh” (Panitia Kapapaténan jeung Kursus Tablég). Jadi mungkin baé aya panitia lian tina sub-divisi Bahagian Tabligh anu ngaranna DH—sakumaha anu diwartakeun ku ustadz E. Abdurrahman. Ngan urang bisa nyokot tapsir séjén nu béda, tina warta majalah éta téh. Ningali tupoksi DH anu ku Ustad E. Abdurrahman dijéntrékeun, meneran “upacara kepapatenan”, lajeng meureun (bisa jadi) anu dimaksud DH jaman baheulatéh nyaéta “fonds kapapatenan jeung kursus tablég” téa anu diwartakeun dina majalah Risalah taun 1964 di luhur.


Nu jadi sual téh, pedaran sajarah DH jaman Kolonial Walanda ieu ngarupakeun ‘informasi tunggal’ (bewara anu nyorangan) ti ustadz E. Abdurrahman. Tetep urang téh butuh kana data sajarah séjén—boh anu ngadeudeul info (warta) anu ngarojong atawa justru anu sabalikna, nolak téa—kana éksisténsi Déwan Hisbah di jaman 1935-1942. Di antawisna aya seratan KH. Akhyar Syuhada dina artikel anu judulna “Dewan Hisbah.” Hanjakalna téh, seratan éta ukur nyutat deui sacara tékstual (saujratna) naon baé anu diwartakeun ku ustadz E. Abdurahman di Risalah 1973 di luhur.


Tapsiran séjén bisa waé nambahan pangarti urang lamun nalungtik seratan ustadz H. Éman Sar’an. Taun 1988, ustadz H. Éman Sar’an dipinang-saraya ku Panitia Tafiq PP Pemuda PERSIS pikeun nulis “Sirah Jihad Persatuan Islam.” Tulisan éta dimuat dina majalah Iber, édisi Nopémber 1989, kaca 15-17. Sala sahiji sub bahasan dina tulisan éta, aya carita ngenaan DH jeung MU PERSIS. Tos teu bireuk deui yén ustadz H. Ѐman Sar’an téh aktipis Pemuda PERSIS ti jaman Kolonial Walanda(1934). Janten, anjeunnabakal uninga kaayaanJam’iyyah PERSIS waktos harita, kaasup warta DH,mun mah lembaga éta tos ngawujud (diadegkeun) ti taun 1935 harita. (Nyambung ka Bag. II, insya Alloh). `



Merdeka-Grt, 010122(Be A Bee!).


SUMBER: MAJALAH IBER ANYAR | EDISI 01 THN. I - PEBRUARI 2022

BACA JUGA:

Bagéa! Iber Anyar Sayogi dina Versi Online