Kasusastraan: Asmarandana Yunani

oleh Rumpaka Iber Anyar

14 Mei 2025 | 06:06

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

Ku: Ahmad Rijal Nasrullah*


Ngagurit dangding keur éling,

ngaguar lakuning lampah,

ti jalma anu saroléh,

guareun pikeun nu maca,

misuka sastra hikmah,

yu hayu digunem catur,

sangkan kapetik buahna.


Sadagori lir ngageuri,

pungpurutan lir midangdam,

jarong haréndong umambon,

meureunan leungiteun tapak,

geus lila teu dibukbak,

na kunaon mana pundung,

ilangna tanpa karana.


Tamiang meulit ka bitis,

poma masing disingkahan,

inggis bisi mendak wartos,

teu puguh laratanana,

mending gé maca kitab,

sajarah anu saéstu,

lalampah para ulama.


Pangaresep dina nulis,

mudalkeun eusining akal,

ku alatan henteu rido,

ningal kaayan ummat,

ditingker sasat paham,

kawas karacunan gadung,

jauh ti Qur’an jeung Sunnah.


Anu mawi Yunus Anis,

ngolah basa ngolah rasa,

anjeunna getén tulatén,

dakwah nu masieup kertas,

nu ngarti jeung nu awam,

pada-pada nyangking élmu,

utamana bab agama.


Tinumpang sekar malati,

malati sekar hédangan,

hédangan jeung kembang tongkéng,

tongkéng campaka érmawar,

érmawar pacarcina,

pacarcina kembang tanjung,

tanjung jeung campaka bodas.


Dodoja alam bihari,

bénten jeung jaman ayeuna,

mibanda ajén-inajén,

ogé miboga masalah,

diadegkeun jam’iyah,

ngubaran jalma nu linglung,

nu sasab ku polah bid’ah.


Malati ngajakan seuri,

kembang wéra ngéra-ngéra,

kembang eros sok tumaros,

kumaha bener jeung salah,

upama aya béda,

kawas tiis reujeung salju,

papisah teu jadi dua.


Mangka urang kudu ngaji,

diuk jeung para ulama,

ibadah sorangan hadé,

komo lamun babarengan,

saguyub sauyunan,

tinangtu moal kaduhung,

hirup dina dinul Islam.


Cianjur, 04/10/23


)* Rumpaka Iber Anyar, urang Cianjur asli, lulusan S-2 Filologi Unpad tur ahli dina widang kasenian.


SUMBER: MAJALAH IBER ANYAR | EDISI 03 TAUN II - OKTOBER - DESEMBER 2023

BACA JUGA:

Sajak: Nu Pondok Umur