Seni: Design Grafis

oleh Rumpaka Iber Anyar

08 Mei 2025 | 12:55

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

Ku : Dani Nugraha*


Desain Grafis téh mangrupakeun hiji prosés rancagé dina nyiptakeun pangabutuh visual keur nyumonan pangabutuh dunya bisnis, pamasaran, jeung komunikasi visual lianna. Samalah, kiwari desain téh dipibutuh lain ngan ku dunya bisnis wungkul, tatapi jadi pangabutuh keur promosi hiji évent/acara, kagiatan sakola, pangajian di masjid, jeung sakur jenis kagiatan lianna anu dipromosikeun ngaliwatan desain, anu ngawujud dina wangun desain flyer.


Mangka henteu hemeng, geus teu bireuk deui, réréana jalma—samalah nu lain jebolan ti akademisi atawa praktisi desain grafis—ogé kiwari mah katungtut keur bisa nyieun desain, boh anu diajar sacara otodidak atawa ku tarékah miluan kelas daring jeung webinar.


Desain grafis bisa mantuan ngabasajankeun hiji pesan nu hayang ditepikeun ka audién ku wasilah visual anu dihadirkeun, sahingga nu maraca téh bisa ngarasakeun informasi anu aya di sajeroeunana. Ku kitua ana nyieun hiji desain téh teu kudu dijieun ngamuatkeun iformasi nepi ka bubuk-bubuk leutikna (rinci/detail), tatapi cukup méré informasi anu penting/intina wungkul anu dicantumkeun téh, mangrupakeun informasi penting tina event/acarana kasebut.


Perkara séjén anu kudu diperhatikeun ana nyieun desain grafis téh nyaéta kumaha carana urang ngolah elemén-elemén desain ku cara mertahankeun prinsip-prinsip desain grafis, di anatarana aya: layout, emphasis, pewarnaan, jeung konsisténsi.


“Layout” atawa Tata Letak, nyaéta ngatur tata lokasi atawa merenahkeun, ku cara méré rohang anatar-elemén desain sangkan karasana nyari jeung rapih ana ditempo. “Emphasis”, mah mangrupakeun méré penekanan anu dijieun dina sababaraha elemén desain, hal ieu bisa mangaruhan audién sangkan narima informasi anu leuwih pentingna heula. Ari “perwarnaan”, hiji hal anu teu éléh pentingna dina hiji wangun desain, anu mana warna téh bisa méré kontras anar objék, jeung ku wara ieu bisa nyiptakeun rasa jeung émosi dina desain. Nu pamungkas, nyaéta konsistén. Konsisténsi bisa dicirikeun minangkana, tina makéna font, warna jeung objék, anu bisa méré kesan desain anu hadé.


Kalayan nengetan prinsip-prinsip desain anu disebut di luhur, hiji jalma lain ngan wungkul bisa nyieun hiji desain anu hadé tur nyari, tatapi bisa nepikeun hiji pesan sacara leuwih éféktif ka audiénna.


Sabab, pancén utama hiji desainer grafis téh nyaéta keur nepikeun pesan/informasi kalayan atra, écés, jeung éféktif, ngarah bisa méré hiji persépsi anu tinangtu sabot audién nempo desain-na. Ku kituna, pancéh saurang desainer grafis téh lain perkara énténg, manéhna kudu miboga kamampuh kognitif sarta kamampuh visual sangkan tujuan desain-na kahontal.

Koncina mah nyaéta konsisténsi, ku cara tutuluyan ngasah kamampuhna dina perkara ngadesain, hiji jalma baris nepi ka makom tapis, lain ukur bisa nyieun hiji desain anu hadé tur nyari, tatapi mampuh nepikeun informasi kalayan éféktif.


*)Rumpaka Majalah Iber Anyar, tapis tur parigel kana desain grafis.


SUMBER: MAJALAH IBER ANYAR | EDISI 03 TAUN II - OKTOBER - DESEMBER 2023

BACA JUGA:

Bagéa! Iber Anyar Sayogi dina Versi Online