Bagéa! Iber Anyar Sayogi dina Versi Online
Bismillaahirrahmaanirrahim
Pamiarsa anu dipihormat,
Mitembeyan dina dinten ayeuna, Iber Anyar baris medal dina versi online. Ti awal, Iber Anyar (baheula Iber) jadi bacaan utama ummat kheuseusna urang Sunda dina waditra majalah. Sajaba ti Risalah anu medal dina Basa Indonésia, Iber Anyar ogé jadi bacaan wajib anggahota Persatuan Islam.
Tinangtos, Iber Anyar mibanda sajarah panjang tur ngalaman naék turun dina ikhtiar pikeun nepikeun ajaran Quran Sunnah ka ummat. Iber Anyar tetep hadir sok sanaos kantos liren medal sawatara taun katukang.
Rumpaka Persis.or.id sadar yen Iber Anyar téh mangrupakeun kabeungharan anu sakitu gedena jeung kudu tetep dijaga. Sabab, Iber Anyar tetep hirup nalika media-media basa Sunda tumpur.
Persatuan Islam (Persis) mibanda sumanget anu ngagedur pikeun ngarumat jeung ngamumulé basa Sunda. Sabab lamun lain ku urang, ku saha deui basa Sunda dirumat jeung dimumulé?
Ku kituna, bahan katampi aoseun kalih lenyepaneun seratan-seratan anu baris disanggakeun ku Rumpaka mugia aya manpaat kanggo balaréa. Peun!
Wassalam
Rumpaka
BACA JUGA:Tafsir Al-Furqan Surat Al-An'am ayat 84-94