Ngahirup-huripkeun Deui Budaya Tatanen Urang Sunda

oleh Redaksi

18 Januari 2025 | 07:11

Ngahirup-huripkeun Deui Budaya Tatanen Urang Sunda


Sanajan kaayaan tatanen geus loba ngahesekeun patani, tapi rek robah tina kabiasaan teh lain perkara enteng. Teu bisa ngan ukur ngajak sangkan balik deui kana tatanen alami! Loba perkara nu kudu disinghareupan. Kahiji, kudu ngarobah pangaweruh. Ieu pasualan poko dina kabudayaan. Budaya moal robah lamun elmuna euweuh. Kusabab kitu, pasualan pangheulana nu bakah disingharepan teh masalah kaelmuan. Elmu patani kiwari geus kapatri ku elmu tatanen kimiawi. Malah di sakola-sakola pertanian oge nu jadi elmu andelan masih keneh nyoko kana tatanen kimiawi. Keur ngarobah ieu kaayaan tangtu gerakan anu kudu dilakukeun teh nyaeta edukasi patani. Keur ngadidik patani tangtu butuh pelatih-pelatih anu ngarti kana bag-bagan tatanen sacara komprehensif. Malah lain ngan ukur apal, tapi kudu geus ngalaman sangkan bisa dipintonkeun ka patani nu rek di-edukasi. Geus dicontokeun di luhur yen baheula keur ngarobah tatanen tradisional kana tatanen kimiawi pamarentah Orde Baru ngaluarkeun biaya teu saeutik muruhan “penyuluh-penyuluh pertanian” anu memehna diatik heula sangkan parigel dina tatanen modern. Kiwari naon nu bisa dipake keur ngatik deui patani sangkan boga elmu ngokolakeun lahan teu make kimia? Ieu pikiraneun nu lain lumayan. Kuduna mah pamarentah milu mikiran. Tapi dalah dikumaha, kiwari katingalina apilain, teu cara ka tukang-tukang nalika nepakeun elmu tatanen kimiawi tea. Sigana mah mangsa harita, pamarentah aya nu ngamodalan, nyaeta sabangsa konglomerat nu rek nyarieun pabrik gemuk, pestisida, jeung bibit tatangkalan. Sumangetna teh lantaran aya nu mayar. Kacurigaan kieu teh lantaran nalika patani maksa rek bali deui kana pangeruh alami dina tatanen, nu jadi ancaman malah seke seler nu baroga pabrik. Tah ieu nu jadi pasualan kadua.


Pasualan kadua, nyaeta nyinghareupan mafia bisnis gemuk kimia. Lamun patani baralik deui kana tatanen alami, anu langsung bakal kaganggu teh nu baroga pabrik bibit, gemuk kimia, jeung pestisida. Maranehanana pasti moal cicingeun. Rupa-rupa cara pasti baris dilakukeun sangkan patani baralik deui make produk ti pabrik maranehanana. Bisa jadi bakal aya kontra-edukasi nu dilakukeun ku nu daragang gemuk jeung obat-obatan ka pilemburan-pilemburan. Teu mustahil oge maranehanana mangaruhan hukum sangkan undang-undang nagara mihak ka maranenehanana jeung maksa patani sangkan teu ninggalkeun produk pabrikan. Contona taun 2019 ka tukang, ceuk berita online Tempo, aya kapala desa di Aceh anu dicerek ku pulisi nepi ka unggah bale watangan alatan ngembangkeun bibit pare sorangan keur patani-patani di lemburna. Bewarana tiasa diilo di dieu: https://www.tempo.co/abc/4488/kades-di-aceh-dipolisikan-karena-kembangkan-benih-padi-unggul. Kasus samodel kieu teh ngaruntagkeun sumanget patani keur kreatif tur mandiri. Sabab sakumaha anu ditulisken dina UU no. 12 tahun 1992 ngeunaan “Budidaya Tanaman” sakabeh proses tatanen kudu ngaliwatan kontrol pamarentah. Ari ceuk dina tutulisana mah eta sakabeh tujuana keur ngajamin patani sangkan onjoy dina hasil tatanena. Tapi dina prak-prakana anu kasaksian ieu UU teh malah loba dipake alesan pamarentah mere lolongkrang ka para kapitalis keur nyieun pabrik binih, gemuk, jeung pistisida anu hasilna malah nyekek beuheung patani nepi loba nu embung jaradi patani deui jeung geus embung nitah anak incuna jadi patani.


Ari keur para kapitalis mah bakal atoh kacida lamun beuki beak patani-patani mandiri teh. Sabab, lamun di nagara urang geus suwung patani mandiri, tangtu nu bakal ancrub ngokolakeun pertanian teh para kapitalis nu baroga duit. Maranehna bakal nyarieun pausahaan pertanian make modal gede. Patani engkena ngan ukur buburuh wungkul. Nu baroga modal gede tangtu bakal beuki buncir leuitna loba duitna, sedengkeun patani nasibna moal beda jeung nasib buruh-buruh dina umumna. Nu geus kacontoan mah di perkebunan-perkebunan sawit nu kiwari geus dikawasa leuwih ti 90 persen ku para kapitalis nu sarakah. Jayana patani-patani sawit mandiri kiwari loba nu ngan kari beja jeung dongengna. Sanajan masih aya, jumlahna geus beuki ngurangan. Sedengkeun lahan sawit beuki lega, pabrikna oge dug deg ngadeg di ditu di dieu. Naha boga saha atuh? Jelas nu bogana mah jelma-jelma jegud nu kiwari jadi “oligarkhi” nu ngadalikeun kakawasaan di ieu nagara.


Kira-kira kumaha pipetaeun urang lamun nyinghareupan pasualan sarupa kieu? Naha urang rek cicing wae ngantep leungitna patani-patani mandiri di pilemburan? Naon nu bisa dipigawe ku urang kiwari? Ieu patalekan-patalekan anu kudu gancang dijawab ku urang memeh samagaha tatanen di lembur urang kajadian tur nibankeun bancang pakewuh anu ngarugikeun rahayat sakabeh. Urang bisa ngamangpaatkeun budaya nu pernah sumebar di Tatar Sunda dina ngokolakeun tatanen keur ngamimitian muka lawang nyinghareupan pasualan ieu. Tangtu eta budaya kudu dideudeul ku elmu-elmu anyar nu bisa ngungkulan kahayangna zaman nu tuluy robah. Lamun urang bisa mere bongbolongan kana pasualan anu kacida dariana ieu, maka urang geus ngalakukan amar ma’ruf nahyi munkar sakumaha anu diparentahkeun ku agama urang sarerea. Wallahu A’lam.


BACA JUGA:

Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya

Reporter: Redaksi Editor: Ismail Fajar Romdhon