Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya

oleh Redaksi

06 Januari 2025 | 14:21

Dr. Tiar Anwar Bachtiar, M.Hum

Ceuk para ahli salah sahiji kecap anu hese ditẻangan kasapukan dẻfinisina tẻh di antarana kecap “budaya.” Dina mangpirang-pirang buku anu husus nalungtik bagbagan budaya tẻtẻla masing-masing boga pamanggih nu teu sarua ngeunaan naon anu disebut kabudayaan teh. Antukna, nalika urang nyebut kecap “budaya” kudu dipuguhkeun heula definisi mana nu rẻk dituturkeun. Kusabab kitu, samemeh ieu tulisan dipedar rẻk diẻcẻskeun heula naon anu dimaksud “budaya” atawa “kabudayaan” dina ieu tulisan. Saenggeus ebrẻh naon anu kapimaksud ku kecap “budaya” dina ieu tulisan, satuluyna diguar naon ari agama (Islam). Tungtungna ieu tulisan hayang ngecẻskeun yẻn budaya jeung agama tẻh bisa diadumansikeun pikeun ngajawab sawatara pihak nu sacara gitik rata teu bisa narima nalika budaya dirẻndengkeun jeung agama.  


Naon Ari Budaya?

Satutasna macaan jeung ngabandingkeun sababaraha definisi, sawatara waktu mah nu nulis rek nuturkeun definisi ti Clifford Geertz anu dicutat tina bukuna The Interpretation of Culture (1973). Sanajan aya sababaraha kritik kana definisina, tapi keur tulisan ieu dianggap cocok. Ceuk Geertz nu diaranan budaya teh nyaeta ujudna mangrupa simbol-simbol anu di jerona aya harti pinasti tuluy ngawangun hiji sistim anu pakait dalit antara hiji bagean jeung bagean sejenna dina kahirupan; eta sistim bisa dipikawanoh ku masyarakat sakabeh ku cara ditatalepakeun make rupa-rupa jalan ti generasi ka generasi. Cindekna mah kabudayaan teh mangrupakeun kabiasaan-kabiasaan hirup hasil diajar (learned behavior), lain kabiasaan hirup bawaan orok nu sarerea bisa teu kudu make diajar heula siga leumpang ku suku, dahar ku baham, nempo make panon. Dina eta kabiasaan anu geus maneuh jadi hiji sistim dina kahirupan aya rupa (symbol) nu katempo jeung makna (meaning) anu teu katara. Duanana ngajadi hiji teu bisa dipisah-pisahkeun.

Kuring teu pati yakin ieu definisi teknis anu geus kakoncara dina elmu budaya atawa dina elmu antropologi teh bisa kapaham tereh-tereh kunu maca. Keur mantuan sangkan eta definisi bisa kaharti urang wincik hiji-hiji ciri wanci hiji perkara bisa disebut budaya. Kahiji, budaya teh mangrupa hasil-hasil tina pikiran manusa. Naon-naon perkara ana sifatna alamiah (natural) teu kaasup kana hasil-hasil budaya. Pon kitu deui perkara anu datangna ti Allah Swt. kayaning wahyu Allah Swt. jeung sakabeh ciciptaan-Na langsung,  eta kabeh teu kasebut budaya. Kadua, hasil pikiran manusa nu jadi budaya henteu ngan saukur dipikiran jeung dipake ku sorangan, tapi oge bisa katarima ku jalma rea, paling henteu di hiji wewengkon anu tangtu, anu antukna jadi kabiasaan dina kahirupan sapopoe. Katilu, ku alatan budaya kudu jadi milik balarea, maka dina prosesna eta kabiasaan-kabiasaan teh ditatalepakan ku cara diajar, boh diajar dina pergaulan sapopoe di kulawarga, di masyarakat, atawa di lembaga-lembaga pangatikan. Kaopat, wujud budaya nu katingali bisa mangrupa hasil-hasil pikiran langsung kayaning bahasa, buku, sajak, falsafah, novel, jeung sajaban; aya oge anu mangrupa tata aturan hirup kumbuh di masyarakat kayaning cara tatanen, cara natangga, cara milih ngokolakeun kakawasaan jeung sejen-sejenna; oge aya anu wangunna mangrupa barang-barang kayaning imah, kandaraan, papakean, kadaharan, jeung rea-rea deui. Eta sakabehna nu katingali ngabogaan ma’na anu bisa ngajelaskeun naha kunaon wangun budayana kudu sarupa kitu. Kalima, kusabab budaya mah meunang manusia, maka kakeunaan oge ku sipat manusa nu owah gingsir, nyaeta pasti bakal aya robahna tara angger dini hiji kaayaan. Anu teu pernah robah mah mungguh ngan ukur anu sifatna ciptaan Mantenna Allah Swt.  

Lamun nuturkeun kana pertelaan di luhur ngeunaan budaya, maka ambahan budaya teh kacida pisan legana, salega kahirupan nu kaambah jeung kaalaman ku manusa. Malah bisa jadi, saking legana ambahan budaya, pikiran urang jadi pakusut kumaha ngabedakeun antara budaya jeung ekonomi, pulitik, pangatikan, tatanen, jeung widang-widang nu sapopoe disinghareupan ku manusa? Dumasar kana definisi di luhur mah, unsur “budaya” teh aya dina sakabeh widang nu dipigawe ku manusia. Unsur budayana teh nyaeta perkara-perkara anu geus jadi “kabisaan” (behavior). Jadi, dina pulitik aya budaya pulitik alias adat kabiasaan anu maneuh dina ngokolakeun kakawasaan. Upamana kumaha kabiasaan di hiji wewengkon lamun milih pamingpin. Naon margana kabiasaana kitu. Tah kabiasaan eta jeung alesana disebut “budaya” (symbol and meaning). Dina ekonomi tangtu aya budaya ekonomi. Dina pangatikan aya budaya pangatikan. Dina komunikasi aya budaya komunikasi. Dina tatanggapan aya budaya tatanggapan. Dina natangga aya budaya natangga; jeung anu sejenna.

Budaya nu aya dina mangpirang-pirang widang kahirupan teh upama angger aya di hiji wewengkon anu tangtu jeung lila umurna nepi ka sababaraha generasi maka biasana bakal ngawangun hiji “komplek” budaya. Contona aya nu diaranan “budaya Sunda.” Ieu teh mangrupa ciri wanci yen di wewengkon anu kasebut Tatar Sunda aya mangpirang-pirang budaya nu hirup dina sababaraha rundayan turunan. Bisa jadi geus ratusan taun. Aya nu ratusan taun teh angger wandana siga kitu, tapi aya oge nu geus robah, saeutik atawa loba. Contona dina bab neangan pakasaban keur nyumponan kabutuh hirup sapopoe. Tangtu aya kasab nu geus jadi adat kabiasaan ti mangsa beh ditu keneh kayaning tatanen jeung dagang. Kumaha adat kabiasaan manusa di Tatar Sunda ngokolakeun tanah keur tatanen; kumaha cara nu biasa dipake urang Sunda dina dagang; eta sakabeh nu kasebut “budaya tatanen” jeung “budaya dagang” urang Sunda. Tangtu salian ti urusan tatanen jeung dagang urang Sunda oge boga adat kabiasaan dina hirup kumbuh jeung balarea: kumaha ngajaga hubungan katatanggaan, kumaha miara kaamanan, kumaha miara kaharmonisan, jeung rea-rea deui. Eta sakabehna bakal asup kana payung anu kasebut “budaya Sunda”. Biasana di hiji wewengkon budaya saperti wewengkon budaya Sunda sok aya kabiasaan nu ngan aya di eta tempat. Maka eta adat kabiasaan husus teh sok jadi ciri wanci nu utami keur ngabedakeun antara budaya Sunda jeung budaya anu sejenna. Contona di wewengkon Sunda aya basa anu biasa dipake sapopoe nu sok disarebut basa Sunda. Ku ieu basa ngan lumaku di Tatar Sunda atawa ngan dipake ku seke seler Sunda, antukna budaya Sunda babari dibedakeun jeung budaya sejen saperti budaya Jawa nu miboga basa sorangan. Satiap urang panggih jeung saha wae anu make basa Sunda, maka teu hese urang mikawanoh ka eta jalma salaku “urang Sunda.”

Dina kabudayaan, basa teh miboga ajen anu istimewa. Lamun hiji kabudayaan mibanda basa sorangan, teu nginjeum basa ka batur, hartina eta kabudayaan bisa ngebrehkeun sakabeh laku budayana sacara langsung tina hate jeung pikiran sorangan, teu nginjeum letah basa deungeun. Saumpamana lamun hayang ngebrehkeun “ikhlas” nu asal kecapna tina basa Arab, urang Sunda sok make kecap “wening ati”. Ari “wening” teh bersih, herang, teu kacampuran ku kokotor. Ari “ati” lelembutan nu aya dina raga wadag manusa. Nalika urang Sunda ngungkarakeun “ikhlas” ku kecap “wening ati” eta mertelakeun yen urang Sunda geus bisa nyerepkeun basa agama kana pikiranna jeung bisa ngungkarakeun make basa anu lahir tina paham nu geus nyampak ti memehna nepi ka urang Sunda bisa leuwih ngarti kana harti kecap “ikhlas” nu asalna tina agama jeung basana make basa Arab. Ieu hartina ajaran agama bisa gumulung ngajadi hiji jeung lelembutan urang Sunda tug nepi ka ungkara agama bisa jadi bagean nu matri jeung budaya Sunda. Lamun ungkara “ikhlas” geus bisa ditepikeun make basa budaya nu geus matri dina kahirupan urang Sunda, maka ajaran agama bisa leuwih babari ditarima.

Nyutat deui kana teori Clifford Geertz, salah sahiji pungsi budaya anu mangrupakeun sistim konsepsi-konsepsi pangalaman manusa anu diungkarakeun dina rupa-rupa wanda (symbol) teh nyaeta pikeun lancarna komunikasi ka papada manusa. Komunikasi teh boga tujuan nepikeun hiji maksud anu tangtu ti hiji jalma ka jalma anu sejen. Komunikasi moal bisa jalan lamun teu aya simbol anu ngagambarkeun maksud nu rek ditepikeun. Simbol nu pangbabarina keur nepikeun maksud teh nya basa pisan. Bisa oge make simbol-simbol anu sejen siga ku gerak awak (gesture), gambar-gambar, pagawean leungeun, jeung nu sejenna, ngan pedah eleh jelas lamun dibandingkeun jeung simbol basa mah.


BACA JUGA: Memposisikan Agama Pada Urusan Pribadi, Tiar Anwar: Itu Pernyataan Sekuler.
Reporter: Redaksi Editor: Ismail Fajar Romdhon