Rohangan ISTIFTA: Hukum Haji jeung Harta Ribawi

oleh Rumpaka Iber Anyar

02 Juni 2025 | 13:00

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

Ku:

MAJELIS IFTA (SEKRETARIAT DEWAN HISBAH PP. PERSIS)



Aya jama'ah haji nu mampu mayar waragad porsi wungkul, mung nalika rék ngalunasan kapaksa minjeum ka bank konvénsional ribawi, sabab teu boga duit tunéy . Naha dibaékeun? Naha hajina sah?


Jawaban:


Ibadah haji nu jadi rukun Islam kalima, diwajibkeun pikeun nu mampu sakali Saumur hirup. Leuwih ti éta hukumna sunat.


وَلِلَّهِ عَلَى النَّاسِ حِجُّ الْبَيْتِ مَنِ اسْتَطَاعَ إِلَيْهِ سَبِيلًا وَمَنْ كَفَرَ فَإِنَّ اللَّهَ غَنِيٌّ عَنِ الْعَالَمِينَ


“ … jeung wajib keur manusa karana Allah munggah haji, keur sing saha anu kadada kaduga ngalaksanakeunana. Jeung sing saha nu kupur, saényana Allah téh beunghar teu butuh ku saeusining alam.” (Q.S. Ali Imron [3]:97)


Haji mabrur geus dijangjikeun ku Nabi Muhammad SAW, pikeun menangkeun balesan surga jeung dinyatakeun bersih tina dosa sakumaha orok nu karék dilahirkeun ku indungna.


Tangtu baé sakabéh jamaah haji kudu usaha sakuat tanaga pikeun meunang prédikat haji mabrur. Aya syarat jeung katangtuan nu kudu ditedunan ku para jamaah haji, di antarana: 1. Ngaihlaskeun niat. 2. Diajar jeung mahaman manasik haji. 3. Ngahindar dina hal-hal nu ngarusak nilai ibadah haji. 4. Mersihan diri jeung harta.


Minjeum ti bank konvensional ribawi pikeun keur ngalunasan ONH nyaéta haram. Riba jenis ieu kaasup riba jahiliyah.


Écés jeung pihatieun riba numutkeun kamandnagSyekh Ali al-Shabuni:


وَشَرْعاً: زيَادَةٌ عَلَى أصْلِ الْمَالِ يَأْخُذُهَا الدَّائِنُ مِنَ الْمَدِيْنِ مُقَابِلَ الْأَجَلِ


Numutkeun Syara (riba hartina) tambahan pikeun pokok harta nu dicokot ku nu ngahutangkeun ti jalma nu ngahutang, minangka muruhan tina témpo nu ditambahan. (Sapwah al-Tafsir, 1:160)


عَنْ سُلَيْمَانَ بْنِ عَمْرٍو عَنْ أَبِيْهِ قَالَ سَمِعْتُ رَسُولَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْه وَسَلَّمَ فِي حَجَّةِ الْوَداعِ يَقُولُ أَلَا إِنَّ كُلَّ رِباً مِنْ رِبَا الْجَاهِلِيَّةِ مَوْضُوعٌ لَكُمْ رُءُوْسُ أَمْوَلِكُمْ لَا تَظْلِمُونَ وَلَا تُظْلَمُونَ ... رَوَاهُ أَبُوْ دَاوُد


“Ti Sulaiman bin Amr, ti bapana, saurna, “kuring nguping Rosululloh SAW, dina haji wada ngadawuh: ‘sing inget saéstuna satiap riba tina riba jahiliyah téh nyaéta katolak jeung batal (haram), pikeun anjeun nyaéta pokok harta anjeun, anjeun teu ngadoliman jeung teu didoliman…” (HR. Abu Dawud)


عَنْ أَبِى هُرَيْرَةَ قَالَ جَاءَ رَجُلٌ يَتَقَاضَى رَسُولَ الله صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وسَلَّمَ بَعِيْرًا فَقَالَ: أَعْطُوهُ سِنًّا فَوقَ سِنِّهِ – وَقَالَ – خَيْرُكُمْ أَحْسَنُكُمْ قَضَاءً. رَوَاهُ مُسْلِمٌ.


“Ti Abu Hurairah Ra, saurna, sala sihiji lalaki datang jeung nagih hutangna ka Nabi s.a.w, hiji onta, anjeunna ngadawuh: ‘pék bikeun ka anjeunna ku onta nu leuwih hadé tibatan onta nu itu, Saurna ‘sahadé-hadéna di antara aranjeun nyaéta jalma nu ngalakukeun kahadéan dina babayar.” (H.R. Muslim)


SUMBER: MAJALAH IBER ANYAR | ÉDISI 02 THN. I - AGUSTUS 2022
BACA JUGA: Puncak Haji, Secara Bergelombang Jemaah Diberangkatkan ke Arafah untuk Wukuf