10 Mei 2025 | 17:01
Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan2
Parandéné kitu, lain hartina umat Islam teu boga budaya jeung nolak kana budaya. Agama anu sipatna abadi teu milu robah ku alatan robahna jaman. Keur umat Islam agama jadi ageman pangonjoyna dina nyinghareupan kahirupan. Mémang dina budaya ogé aya sababaraha bagéan anu eusina mangrupa ugeran keur jadi pituduh dina nyinghareupan kahirupan.
09 Mei 2025 | 17:00
Kamandang Budaya: Niténan Sawatara Média Lokal Persatuan Islam
Persatuan Islam (singgetan ilaharna mah PERSIS) ngadeg di Bandung dina ping 12 Séptémber 1923 ku Haji Zam-zam jeung Haji Yunus. Mimitina mah tina study club anu ngawahas pasualan-pasualan kaumatan
08 Mei 2025 | 12:55
Seni: Design Grafis
Desain Grafis téh mangrupakeun hiji prosés rancagé dina nyiptakeun pangabutuh visual keur nyumonan pangabutuh dunya bisnis, pamasaran, jeung komunikasi visual lianna. Samalah, kiwari desain téh dipibutuh lain ngan ku dunya bisnis wungkul, tatapi jadi pangabutuh keur promosi hiji évent/acara, kagiatan sakola, pangajian di masjid, jeung sakur jenis kagiatan lianna anu dipromosikeun ngaliwatan desain, anu ngawujud dina wangun desain flyer.
02 Mei 2025 | 16:48
Jam'iyyah: Carita Dewan Hisbah
Kungsi aya hiji patarosan anu ahéng dina rohangan Istifta majalah Risalah, Nomor 125-126, sasih Novémber-Désémber 1973, kaca 301. Patarosan nu ka-404 éta teu naroskeun pasualan ritual-ibadah, padahal bag-bagan ‘ibadah téh nu sasarina jadi patarosan dina Istifta. Nu ngaping rubrik Istifta téh KH. E. Abdurrahman langsung, sabot anjeunna jeneng pamingpin Jam’iyyah Persatuan Islam (PERSIS) harita (1962-1983). Méméh Istifta, rohangan husus ‘sual-jawab’ bab agama asalna mah ngaranna “Kotak Masalah”. Rohangan ‘sual-jawab’ masalah agama éta janten iconic (ciri husus), menu wajib majalah Risalah saban medal unggal sasihna.
01 Mei 2025 | 13:39
Guaran: Nyunda Nyunnah
Endang Saefudin Anshari, M.A dina Riungan Ma syarakat Sunda di Bandung tahun 1967 kungsi nyaturkeun “Islam téh Sunda, Sunda téh Islam.” Diktum atawa paméo éta tangtu merelukeun nu ngaranna bukti, naon babakuna? Ajip Rosidi kungsi nalungtik hal éta sakumaha dina salasawios seratanna (2010: 38-50), nu judulna Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tampak dalam Peribahasa”. Teu nyana, dina 500 paribasa nu geus ditaliti ku Ajip ngan 16 paribasa nu maké kekecapan khas Islam. Hartina teu nepi kana lilikuran ogé, teu opat persén persén acan.
01 Mei 2025 | 06:37
Bagéa! Iber Anyar Sayogi dina Versi Online
Mitembeyan dina dinten ayeuna, Iber Anyar baris medal dina versi online. Ti awal, Iber Anyar (baheula Iber) jadi bacaan utama ummat kheuseusna urang Sunda dina waditra majalah. Baca salengkepna di dieu.
22 Apr 2025 | 01:46
Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan1
Ceuk para ahli, salasahiji kecap anu hésé ditéangan kasapukan définisina téh di antarana kecap “budaya.” Dina mangpirang-pirang buku anu husus nalungtik bagbagan budaya, tétéla masing-masing boga pamanggih nu teu sarua ngeunaan naon anu disebut kabudayaan téh. Antukna, nalika urang nyebut kecap “budaya” kudu dipuguhkeun heula définisi mana nu rék dituturkeun. Kusabab kitu, méméh ieu tulisan dipedar rék diécéskeun heula naon anu dimaksud “budaya” atawa “kabudayaan” dina ieu tulisan.