Ku: Ihsan Fauzal F*
Mun urang niténan perkara peradaban bangsa-bangsa, baris atra yén nonoman téh éstu boga yasa nu pohara. Misalna, kawas dina peradaban nu kungsi lumangsung jaman Rosululloh SAW. Urang éstu teu bisa nyakompét daunkeun tarékah nu diwangun ku para nonoman. Para inohong nu harita boga wibawa tur komaraan téh ilaharna geus karolot, tapi ku sumpingna kanjeng Rosul, nonoman jadi boga lakon nu kalintang gedéna. Kawas dina sawatara lalakon para nonoman sahabat Rosul, urang coba guar lalakonna.
Numutkeun sajarah nu moal bireuk deui keur urang, aya lalakon Usamahibn Zaid ibn Haritsah. Inyana kapeto ku Rosululloh dina taun 11 Hijriah jadi pamingpin perang ngalawan Romawi. Sabada ramana, Zaid ibn Haritsah—kadeudeuh Rosululloh, malah mah Rosul dugikeunkungsi nga-tabani anjeunna—perlaya alatan jihad di médan laga. Atuh teu nyalahan mun nu nyilih Zaid téh nyaéta putrana ku anjeun, Usamah téa kakasihna. Harita sidik Usamah téh ngora kénéh, umurna karak nincak 18 taunan.
Sabot Usamah kapapancénan jadi pamingpin perang, loba sahabat nu héran jeung mangmang sual putusan masrahkeun pancén ka manéhna.Tapi kanjeng Rosultaya kendatna nguningakeun kamandangna. Rosul kalayan asmanapamingpin umat mu’min,ngawewegan haté para sahabat nu can percaya Usamah nu ngora kénéh baris mingpin maranéhna. Rosul téh kalintang percayana ka UsamahIbn Zaid, kabuktian anjeunna negeskeun bari sasauran ka para sahabatna, “mun maranéh nganggep codéka kaula sabab kula milih Usamah jadi pamingpin maranéh, atuh pamustrunganana maranéhgé nganggep codéka kula barétobasa milih bapana (Zaid ibn Haritsah) jadi pamingpin!”
Dina lalakon séjén ogé, kungsi aya nonomansahabat sumping ka Rosul. Manéhnahayang milu indit ka medan jurit. Basa manéhna nétélakeun pamaksudanana, yén éstu datang téh taya lian hayang icikibung mantuanjihad di médanjuang, Rosul kalahneuteup pameunteuna. Teuteupna nyosok jero, kalawan taraptianjeunna naros bari mariksa umur si nonomanéta. Horéng, nalika Rosul uningaeun umur éta nonoman karék 13 taun, atuh anjeunna teu ngawidian.
Sabadana kitu éta nonoman segrukwé ceurik, bari mulang ka indungna rék ngadon sasadu,laju balaka, “Ma, sakurigeun, ieu paniatan téh alus, hayang milu perang marengan Rosululloh, tapi geuningan anjeunna teu ngidinan, sabab umur kuring téh cenah can sawawa…”. Sakur nu jadi indung ana budak manggih karungsing, tangtu hayang ngabeberah manahna, sangkan leuleuy.
Sabada perang Badarnu rongkah, éta nonoman kaduaindungna rasjig ngahajadatang ka Rosul. Bari pok indungna ngalahir, “nun gusti Rosul, pun anak téh pinunjul manan nu séjén saentraganana. Pun anak téh apal 17 surat kur’an, maneuh na manahna, sakumahana nu tos dilungsurkeun ka salira.” Padahal harita nalikamimiti taun Hijrah,arang langka natakunu apal leuwih ti sapuluh suratkur’an. Kari-kari ieu apal 17 surat barijeung persis sareng aosan Rosul. Ieu téh hiji préstasi, éstuning petingan.
Teu lila ti harita, Rosululloh SAW ngistrénan éta nonoman jadi katibna. Manéhna ogé jadi nu matuh narjamahkeun susuratan nu sumping dina basa Ibranikana basa Arab, sangkan kauninga ku Rosululloh pimaknaeunana. Nu hébring mah, anjeunna diajarbasa Ibrani nepikeunka ngarti téh ngan 17 poéeun. Calakan pisan nya nonoman téh?!
Alatan nyongcolang téa, inyana ogé jadi sala sahiji puseur pananyaan para sahabat séjén, upama aya perkara nu muskil tur ruwed nu patali kana ngamahamkeun kur’an. Samalah, sabadana Rasululloh SAW pupus, kholipah Utsman ibn Affan mercayakeun proyék ngumpulkeun mushaf kur’an ka anjeunna. Inyana boga pikiran nu jembar tur jero sok sanajan nonoman kénéh. Salawasna daria jeung soson-soson ana nampa béja nu aya patalina jeung élmu. Nya inyana téh Zaid bin Tsabit téa.
Dina lalakon dua sahabat tadi yakin loba ibroh nu patali lebah ngamangpaatkeun waktu keur ngora dina kahadéan. Panan nonoman-nonoman sahabat malakiahan téh keur ihtiar milu nanjeurkeun komara agama lin? Nu antuknalain ngan agama hungkul nu baris nanjeurtéh, tapi peradabanana bisa milu ronjatalatan para nonoman.Nu mawi teu nyalahan mun Presiden urang nu munggaran, Soekarno, kungsi nyarita, “Beri aku 1000 orang tua, niscaya akan kucabut Semeru dari akarnya. Beri aku 10 pemuda, niscaya kan kuguncang dunia,” kitu sotéh pan jeung enyana, sabada niténan yén nonoman baris bisa ngamekarkeun peradaban nya?
*) Ihsan Fauzal F., penulis sadidinten ngawulang di PPI 03 Pameungpeuk
Kungsi dimuat dina MAJALAH IBER ANYAR | ÉDISI 01 THN. I - FEBRUARI 2022
BACA JUGA:Iber Nonoman: Maca (Fiksi), Perpus, jeung Leuitna Informasi