Lenyepaneun: Harga Diri

oleh Rumpaka Iber Anyar

15 Mei 2025 | 12:00

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa


Réa nu teu karasa ku sorangan, tapi batur leuwih wawuh, réa carita taya nu ngabantah, tapi leuwih réa caritana tambah atra hakékat diri nu sabenerna, éta sababna réa carita nu dibandungan ku ceuli, teu dibandungan ku haté, salian ku seuri konéng.


Mimiti ngarasa naha diri euweuh harga, taya pangajén ti nu séjén; Sakapeung batur dituduh, teu bisa ngahargaan. Taya pisan pangaji kana diri, datang suudzon batur nu salah, teu bisa ngahargaan ka nu lian.


Hakékat nu sabenerna, harga diri gumantung kana diri urang sorangan. Lamun diri urang dihias ku akhlaq nu utama, jauh tina wadul, taya codéka dina carita, harga diri bakal ningkat, kalawan teu kudu dipénta, kadeudeuh kanyaah deungeun téa kudu ngarayuda, tapi bakal datang sorangan.


Lain saeutik nu kurang caritana; kurag paméntana, tapi gedé pangajén ti nu séjén, sabab ngukur kanyataan anu aya dina luar awakna.


Taya carita anging asup kana ceuli batur, taya pamolah lampah anging katempona ku panon nu séjén. Éta sababna batur jadi wawuh.


Tina sela-sela carita sok katempo hakékat diri, rék batur nu nyaritana, atawa urang nu nyaritana, tetep batur sok leuwih wawuh. Urang bisa ngukur batur, siga batur bisa ngukur urang.


Pirang-pirang conto anu urang geus poho, tapi batur masih ingeteun, boh hadé atawa boh nu goréng.


إِيَّاكَ وَفُضُوْلَ الكَلاَمِ فَإِنَّهُ يُظْهِرُمِنْ عُيُوْبِكَ مَابَطَنَ وَيُحَرٍّكُ مِنْ عَدُوِّكَ مَاسَكَنَ (الحكم).


Iyyaka wafudluulal kalaami fainnahu yudzhiru min ‘uyuubika maa bathona, wa yuharriku min ‘aduwwika maa asakana.


“Jauhan carita nu teu perlu, lantaran éta téh sok nempokeun sabagian tina ka’aéban diri nu tadina teu katara, jeung sok ngahudang karep musuh nu tadina geus teu aya”—(Al-Hikam).


*) Ku: HEAB (sandiasma K. H. E. Abdullah). Beunang nyutat tina rubrik “Intisari” Majalah Iber no. 158 Thn XVI, 15 Maret 1980.



BACA JUGA:

Iber Nonoman: Maca (Fiksi), Perpus, jeung Leuitna Informasi