Sajak: Nu Pondok Umur

oleh rumpaka

11 Mei 2025 | 06:01

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

Nu Pondok Umur

Karya: Asep S. Azhar*


nyengeut lilin diriung silih rojong

pamènta pikeun lalana di alam dunya

diseungeut lilin beuki lèèh

nu nembang beuki rèang

teu apal yèn lilin beuki lèèh


lilin beuki lèèh!

reup, pareum ditiupan

reup, pareum dikeprokan

éling sugan!


                                  Rancaékék, 2013


*) Girang Rumpaka Majalah Iber Anyar.

SUMBER: MAJALAH IBER ANYAR | EDISI 01 THN. I - PEBRUARI 2022

BACA JUGA:

Bagéa! Iber Anyar Sayogi dina Versi Online

Reporter: rumpaka Editor: Asep Saeful Azhar