Nalika Agama Pagedrug jeung Budaya
Conto-conto di luhur bisa jadi babari kaharti ku alatan adu manisna geus jadi jeung geus sumebar di mana-mana sakuliah Tatar Sunda. Tapi tangtu saacan bisa ngahiji antara agama jeung budaya aya proses nu panjang. Komo lamun budaya nu kadatangan agama teh geus nyampak memehna. Tangtu wae budaya nu nyampak mah geus miboga ciri wanci jeung kabiasaan nu maneuh. Teu sakabeh adat kabiasaan, boh anu sipatna pamikiran, pergaulan, atawa barang-barang ciptaan, loyog jeung ugeran-ugeran agama. Kalan-kalan aya nu pagedrug. Nu loyog mah tangtu teu jadi pasualan. Palebah nu pagedrug tinangtu bakal jadi bibit rurujit bahan pacengkadan. Tah palebah dieu pisan pancen da’wah jadi beurat. Beuratna ku alatan agama nu ditepikeun teu meunang robah, sedengkeun umat nu disinghareupan geus boga kabiasaan anu papalingpang jeung papagon agama. Adat tea pan kakurung ku iga; hese robahna dina waktu nu singet. Kusabab kitu, tangtu para da’i miboga pancen nu beurat sangkan saeutik-saeutik bisa ngarobah adat goreng jadi adat nu hade dumasar agama. Engke lamun agama geus bisa mangaruhan adat nu goreng tuluy robah jadi adat nu hade, papagon agama teh geus moal hese deui ditarima ku masyarakat sabab geus meulit ngahiji jeung adat kabiasaan anu lumaku. Mitembeyan jeung ngajaga prosesna nepi ka tina adat jadi adat deui anu anyar butuh waktu jeung kasabaran sangkan istiqomah.
Pentingna da’wah budaya teh sabenerna palebah dieu, nyaeta kumaha ngungkulan karudet nyinghareupan budaya anu pagedrug jeung papagon agama. Dina da’wah budaya, da’i kudu miboga wawasan jeung wewesen dina perkara kabudayaan. Nalika rek ngarobah hiji adat alatan papalingpang jeung agama, da’i kudu geus boga gambaran kira-kira adat naon nu sarupa nu bakal dijadikeun gaganti adat heubeul. Lamun teu boga wewengan budaya anu daria, bisa jadi agama malah ditampik sapajodogan alatan teu mere solusi kana kabutuh manusia anu bisa dicumponan ku kabiasaan-kabiasaan anu maneuh tea. Contona kabiasaan nganjuk ngahutang nu kiwari keur mahabu. Aya nu kasebut “kosipa”, “bank emok”, “pinjol”, jeung rea-rea deui istilahna. Ari nganjuk ngahutang teh dina agama diwenangkeun, sabab salah sahiji tarekah dina nalika nyinghareupan karerepet nu nyedek. Ngan mahabuna nganjuk ngahutang teh sok dibarengan ku praktek “riba” anu kacida dipahingna dina agama.
Geus mindeng kadenge ku urang, loba mubaleg anu nerangkeun haramna riba jeung akibat-akibatna ceuk agama. Ngan angger we praktek rênten teh teu areureun. Sabab utamana mah ustadz-ustadz nu biantara ngaramkeun riba teh can boga tarekah, boh nu sipatna samentara komo nu maneuh mah, pikeun nyumponan kabutuh masyarakat anu kasêrêd ku pangabutuh nu nyerempek. Kuduna mah, samemeh atawa saenggeus ceramah teh gancang geura pikiran tarêkah nu nyata kumaha mantuan masyarakat nu butuh tea. Tah nalika neangan tarekah samodel kieu “warisan budaya” nu pernah aya dina mangsa ka tukang bisa jadi salah sahiji referensi. Lamun model tarekah dina sajarah loba, biasana urang moal pati hese bongbolongana. Ngan lamun kabeneran suwung pangalaman katukang nyinghareupan nu kieu, urang kudu mikir rada tarik ngetrukkeun sakabeh pangaweruh urang keur neangan tarekahna. Lamun geus siap tarekah gaganti, moal pati hese urang mapatahan umat ngeunaan bahayana riba, Sabab, salian ti “pok”-na, geus siap oge “prak”-na nalika masyarakat nyinghareupan masalah anu sarupa. Lamun tetela cara-cara anyar nu ku urang disodorkeun ka masyarakat bisa nyubadanan kana kabutuh masyarakat, tuluy eta bongbolongan teh dibalikan deui nalika aya pasualan nu sarupa nepi bulak-balik jadi kabiasaan maneuh masyarakat, hartina eta bongbolongan teh geus ngajadi budaya anyar nu diagem ku masyarakat. Engkena teu kudu muballigh deui nu nerekabkeuna ka sakumna masyarakat, tapi bakal ku masyarakat sorangan ditatalepakeuna. Tah ieu leuwihna lamun da’wah geus ngadu manis jeung budaya.
Cag sakitu heula pedaran munggaran ngeunaan hubungan antara agama (Islam) jeung budaya. Mudah-mudahan ieu jadi pamuka lawang keur paguneman ngeunaan Islam jeung kabudayaan anu kacida pisan pentingna dijadikeun salah sahiji widang perhatian umat Islam kalawan daria. Sabab kiwari, widang budaya teh loba kapangaruhan ku kapercayaan sekuler jeung musyrik ku alatan umat Islam apilain kana ieu pasualan. Wallâhu A’lamu bi Al-Shawwâb.
BACA JUGA: Tiar Anwar Bachtiar Kritik Keras Penghapusan Materi Jihad dan Khilafah