Agama jeung Budaya
Tuluy kumaha lamun ieu budaya teh direndengkeun jeung agama, utamana agama Islam nu diagem ku urang? Lamun nuturkeun kana tiori urang Barat mah agama teh salah sahiji wangun budaya. Hartina agama teh meureun hasil tina pipikiran manusa. Tah palebah dieu mah tiori ieu pasalia jeung pamadegan urang salaku umat Islam. Urang boga kayakinan yen agama Islam teh lain hasil pikiran manusa, tapi estu asli datangna ti Allah Swt. anu dititipkeun ka kanjeng Nabi Muhammad Saw. Naon anu ditepikeun ku Kanjeng Nabi Saw. lain dumasar kana mamanahan anjeuna, nanging estu ngan sakadar nepikeun pesen ti Allah Swt. mangrupa Al-Quran. Salian ti eta, Kanjeng Nabi Saw. ngamalkeun dina kahirupan sapopoe dumasar kana pituduh Allah Swt. oge, lain dumasar kahayang nafsuna. Eta amaliah Nabi Saw. kasebutna sunnah. Adu manis antara Al-Quran jeung Sunnah Nabi Saw. mangrupakeun dasar agama keur umat Islam nepi ka datangna waktu Kiamat. Ieu dasar teu robah jeung moal robah sanajan manusa jeung kahirupana loba rarobah. Ieu pisan nu jadi alesan utama yen agama Islam lain bagean tina budaya sakumaha kacindekan para ahli di Barat.
Parandene kitu, lain hartina umat Islam teu boga budaya jeung nolak kana budaya. Islam anu sipatna abadi teu milu robah ku alatan robahna jaman. Keur umat Islam agama jadi ageman pangonjoyna dina nyinghareupan kahirupan. Memang dina budaya oge aya sababaraha bagean anu eusina mangrupa ugeran keur jadi pituduh dina nyinghareupan kahirupan. Tapi mungguhing sipatna budaya nu tara angger, eta ugeran budaya dihin pinasti bakal nepi kana waktuna kakeunaan ku owah sakumaha sipat manusa. Baheula mah lamun awewe jeung lalaki nu lain muhrimna leumpang paduduaan dianggap ngarempak ugeran jeung kasopanan budaya Sunda atawa sok pada nyebut “pamali”. Tapi eta ugeran geus teu aya dina rumus budaya Sunda kiwari. Urang Sunda kiwari geus apilain jeung hare-hare lamun aya nu kitu teh. Padahal mah ugeran pamali dina sual ieu teh opat puluh taun ka tukang masih keneh hirup. Hartina robahna ugeran dina budaya bisa kacida pisan gancangna. Sedengkeun ugeran dina agama mah teu robah. Ti saprak turun panyarek Allah Swt. ngaliwatan Nabi Muhammad Saw. yen ngadeukeutan zinah teh perkara anu kacida dipahingna atawa diharamkeun, tug nepi ka kiwari teu robah-robah.
Kusabab sipat agama Islam anu ajeg panceg teu galideur ku robahna jaman, maka umat Islam di jaman jeung tempat mana wae kudu nyekel deleg agama salaku ugeran utama dina nyinghareupan kahirupan. Ku ayana Islam, teu ngandung harti ugeran-ugeran nu geus nyampak hasil tina budaya manusa kudu diecagkeun jeung dipiceun. Sabab, ajaran Islam geus disaluyukeun jeung fitrah manusa. Lamun budaya mangrupa ciri wujudna manusa di ieu alam pawenangan, berarti ayana budaya teh mangrupakeun kabutuhan fitrah manusa. Ajaran Islam oge lamun kitu pasti bakal loyog jeung kabutuh manusa ngadegkeun budaya. Urang jujut alesana naha bisa nepi kana kacindekan kitu.
Ajaran jeung ugeran anu ditetepkeun ku Allah Swt. jadi bagean tina agama Islam teh adeg-adegna mangrupa gurat badag dina kahirupan jeung perkara-perkara anu kacida pisan daria keur hirup kumbuh manusa di ieu alam pawenangan. Contona agama ngalarang ngadeukeutan zina. Eta ugeran garis badag. Kumaha ieu ugeran dipraktekkeun dina kahirupan sapopoe? Sanajan sipatna leuwih tehnis, tapi ku alatan kecida daria, sababaraha perkara anu leuwih tehnis ditetepkeun deui ku agama saperti kudu nutup orat, kudu ngajaga panempo ka lawan jenis (ghaddul bashor), teu meunang paduduaan lalaki jeung awewe nu lain mahrom (khalwat), teu meunang paantel kulit nu lain mahrom, jeung rea-rea deui. Lamun nepika perkara anu leuwih tehnis diatur oge ku agama, terus di mana tempatna akal manusa anu bakal ngwangun adeg-adeg budaya? Sabenerna mah masih keneh lega lolongkrang budaya anu bisa diadegkeun dina luhureun ieu ugeran agama. Kahiji, budaya bisa ngorehan alesan-alesan anu kaharti ku pikir kahontal ku akal naon alatana Allah Swt. make ngalarang zinah jeung pagawean liana anu bakal nutup lawang ngadeukeutan zinah. Ieu the asup kana widang budaya anu ngaguliksek “meaning” (ma’na) tina hiji pagawean. Kadua, budaya oge bisa mikiran pagawean-pagawean naon anu sipatna leuwih tehnis pikeun ngawujudkeun ugeran agama di luhur. Umpana nutup orat. Make naon orat teh ditutupna? Palebah dieu mah teu aya ugeran agama nu pasti. Manusia bisa nginjeum adat kabiasaan anu geus lumaku di tempat sewang-sewangan make naon kuduna orat ditutup. Bisa wae kusabab di Arab mah geus bariasa make gamis, maka nutup orat teh make papakean nu diaranan gamis. Tapi mungguh urang Sunda mah teu wawuh kana gamis ti baheula keneh, maka teu kaasup goring jeung salah lamun urang Sunda mah nutup orat teh make kabaya nu diropea sangkat bisa nutupan awak sangkan teu katembong lunggak-linggekna awak; kahandapna make samping kebat; sedengken orat sina sirah ditutupan make sarupa karembong nu diropea deui sangkan bisa nutupan beulah dada (jaib) salian ti buuk jeung sirah sakabeh.
Conto deui nu sejen. Agama marentahkan sangkan urang teh kudu hade ka tatamu jeung tatangga. Malah mah ku agama dipake ukuran kaimanan. Saha nu teu daek ngahurmat tatamu jeung tatangga, maka teu kaasup jalma anu iman. Budaya dibere kalaluasaan dina ieu hal pikeun mikiran naon sababna urang kudu milampah laku sarupa kitu. Sakabeh elmu panemu jampe pamake bisa diketrukkeun keur ngaguar meaning tina eta pagawean. Satuluyna, budaya oge bisa jadi referensi kumaha pantesna ngahurmat tamu luyu jeung adat kabiasaan anu lumaku; oge kumaha bisa ngawujudkeun adat kabiasaan anu tangtu keur ngahurmat tatangga.
Adu manis agama jeung budaya samodel di luhur sabenerna mah bisa dilarapkeun dina sagala widang budaya nepi ka moal aya hiji widang kahirupan manusa oge anu bakal pagedrug antara agama jeung budaya. Sabab, ari agama sipatna mere “pituduh” (hidayah) ka jalan nu lempeng; sedengkeun budaya sipatna mere ugeran kumaha mraktekkeun hiji perkara sangkan loyog jeung kahirupan nyata anu disinghareupan, loyog jeung kaayaan alam, loyog jeung kabiasaan masyarakat satempat, jeung sajabana. Ieu praktek adu manis agama jeung budaya teh geus mangpirang-pirang abad lilana bisa disaksian ku urang dina sajarah di sakabeh tempat anu narima ajaran Islam. Kitu pisan nu kasaksian ku urang dina sapanjang sajarah Tatar Sunda satutasna narima ajaran Islam. Loba pisan budaya Sunda anu eusi-eusina loyog jeung ajaran Islam saperti ayana ugeran “pamali” sukumaha nu dicontokeun di luhur. Pamali-na urang Sunda lamun nyaksian aya awewe lalaki lain muhrim leumpang paduduaan komo pari pagegeye bangun anu geugeut, tinangtu ieu salancar pisan jeung ajaran Islam nu ngaharamkeun “khalwat”. Kusabab urang Sunda geus leuweih tiheula wawuh kana kecap “pamali” keur ngungkarakeun perkara-perkara anu dipahing, maka haramna khalwat teu disebut “haram” tapi cukup we make kecap “pamali” nu geus ilahar dipake sapope samemeh urang Sunda wawuh kana Islam. Ku kecap “pamali” eta urang Sunda babari pikeun ngahartikeun jeung narima pagawean-pagawean nu kudu ditaringgalkeun. Ku alatan geus kacida dalitna adu manis antara agama jeung budaya dina pangalaman urang Sunda nepi ka geus umum papatah ka barudak di Tatar Sunda yen hirup teh kudu nyekel “agama” jeung “daligama” (adat/budaya).
BACA JUGA: Tiar Anwar Bachtiar: Nasionalisme Indonesia Tanpa Islam Adalah Nonsense