Lamun nuturkeun kana pedaran di luhur ngeunaan budaya, maka ambahan budaya téh kacida pisan legana, salega kahirupan nu kaambah jeung kaalaman ku manusa. Malah bisa jadi, saking legana ambahan budaya, pikiran urang jadi pakusut kumaha ngabedakeun antara budaya jeung ékonomi, pulitik, pangatikan, tatanén, jeung widang-widang nu sapopoé disanghareupan ku manusa? Dumasar kana définisi di luhur mah, unsur “budaya” téh aya dina sakabéh widang nu dipigawé ku manusia. Unsur budayana téh nyaéta perkara-perkara anu geus jadi “kabisaan” (behavior). Jadi, dina pulitik aya budaya pulitik alias adat kabiasaan anu maneuh dina ngokolakeun kakawasaan. Upamana kumaha kabiasaan di hiji wewengkon lamun milih pamingpin. Naon margana kabiasaana kitu. Tah kabiasaan éta jeung alesanna disebut “budaya” (symbol and meaning). Dina ékonomi tangtu aya budaya ekonomi. Dina pangatikan aya budaya pangatikan. Dina komunikasi aya budaya komunikasi. Dina tatanggapan aya budaya tatanggapan. Dina natangga aya budaya natangga; jeung anu séjénna.
Budaya nu aya dina pirang-pirang widang kahirupan téh upama angger aya di hiji wewengkon anu tangtu jeung lila umurna nepi ka sababaraha generasi maka biasana bakal ngawangun hiji “komplék” budaya. Contona aya nu diaranan “budaya Sunda.” Ieu téh mangrupa ciri wanci yén di wewengkon anu kasebut Tatar Sunda aya mangpirang-pirang budaya nu hirup dina sababaraha rundayan turunan. Bisa jadi geus ratusan taun. Aya nu ratusan taun téh angger wandana siga kitu, tapi aya ogé nu geus robah, saeutik atawa loba. Contona dina bab néangan pakasaban keur nyumponan kabutuh hirup sapopoé. Tangtu aya kasab nu geus jadi adat kabiasaan ti mangsa béh ditu kénéh kayaning tatanén jeung dagang. Kumaha adat kabiasaan manusa di Tatar Sunda ngokolakeun taneuh keur tatanén; kumaha cara nu biasa dipaké urang Sunda dina dagang; éta sakabéh nu kasebut “budaya tatanén” jeung “budaya dagang” urang Sunda. Tangtu salian ti urusan tatanén jeung dagang urang Sunda ogé boga adat kabiasaan dina hirup kumbuh jeung balaréa: kumaha ngariksa hubungan katatanggaan, kumaha miara kaamanan, kumaha miara kaharmonisan, jeung réa-réa deui. Éta sakabéhna bakal asup kana payung anu kasebut “budaya Sunda”.
Biasana di hiji wewengkon budaya saperti wewengkon budaya Sunda sok aya kabiasaan nu ngan aya di éta tempat. Maka éta adat kabiasaan husus téh sok jadi ciri wanci nu utami keur ngabédakeun antara budaya Sunda jeung budaya anu séjénna. Contona di wewengkon Sunda aya basa anu biasa dipaké sapopoé nu sok disarebut basa Sunda. Ku ieu basa ngan lumaku di Tatar Sunda atawa ngan dipake ku séké sélér Sunda, antukna budaya Sunda babari dibédakeun jeung budaya séjén saperti budaya Jawa nu miboga basa sorangan. Satiap urang panggih jeung saha waé anu maké basa Sunda, maka teu hésé urang mikawanoh ka éta jalma salaku “urang Sunda.”
BACA JUGA:Bagéa! Iber Anyar Sayogi dina Versi Online