Iber Nonoman: Maca (Fiksi), Perpus, jeung Leuitna Informasi

oleh Rumpaka Iber Anyar

13 Mei 2025 | 17:00

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

Ku: Fikri A. Gholassahma*


Dina rohangan Iber Nonoman majalah Iber Anyar édisi kamari geus kasubat-sabit soal maca jeung nyatet nu penting nataku keur entragan ngora. Asana balaréa ogé sapuk kana perkara éta mah. Ngan keur kuring—sakuringeun—mah aya hal séjén nu teu éléh penting ti maca jeung nyatet téh, nyaéta karesep kana maca fiksi jeung aksés urang kana bahan bacaeun: antarana liwat perpustakaan jeung samisalna.


Bawirasa, pentingna perpustakaan mah kawasna balaréa ogé teu bina ti kitu, pada-pada nganggap penting. Ngan sual resep maca fiksi, sigana mah lian deui. Atuh sual perpus naha disubat-sabit deui? Ah, itung-itung ngabéjaan bulu tuur baé, atawa sugan keur pépéling, panggeuing bisa aya nu poho. Kitu ogé sual maca fiksi, tamba panglipur baé sugan.


Sawatara waktu kaliwat, medal buku Mengapa Masa Depan Kita Bergantung pada Perpusatakaan, Membaca, dan Melamun (2022) ku pamedal Pojok Cerpen & Tanda Baca, Yogyakarta. Buku leutik camperenik, ipis ngan 58 kaca, tapi eusina matak pogot keur nu maca.


Ngamuatkeun tilu tulisan ti nu pacabakanana béda-béda; Neil Gaiman, pangarang; Julain Beggin, éditor di majalah The Philosophers, nulis buku ongkoh; hiji deui mah Maggie Gram, saurang design lead di Google nu cekel gawéna dina urusan kaamanan jeung privasi. Kabéhna beunang narjamahkeun Ageng Indra tina basa Inggris. Ka nu dua mah peun moal papanjangan dibahas. Tulisan Gaiman nu bakal dibahas mah, meneran eusina nétélakeun kana pentingna perpustakaan, maca (fiski), jeung ngalamun.


Mimitina mah tulisan Gaiman téh naskah biantara dina acara Reading Agency di London, taun 2013. Hiji badan amal nu boga hojah ngarojong kana program literasi: boga pamaksudan méré kasempetan nu sarua—keur saban jalma nalika hirup—ku cara nulungan sangkan jalma-jalma téh kudu jeung biasa maca kalawan pengkuh tur junun. Naskana tuluy dimuat dina buku The View from the Cheap Seats jeung dina situs The Guardians, 15 Oktober 2013, kalawan judul aslina Why Our Future Depends on Libraries, Reading, and Daydreaming.


Gaiman téh pangarang nu seringna mah nuliskeun carita fiksi boh keur barudak atawa keur kolot. Geus naun nyiar napkahna téh nya tina bati nyusun kekecapan, ku cara ngarang jeung nuliskeunana. Tétéla, keur manéhna mah aya kaperluan sangkan jalma-jalma téh kataji kana bucu-baca, komo deuih kana maca fiksi. Lian ti keur pangupa jiwana, séjén deuina mah sangkan perpustakaan jeung pustakawan aya, keur mantuan numuwuhkeun kacinta bucu-baca, ogé keur saban patempatan nu biasana kagian maca lumangsung. Jadi saenyana mah bias (nyimapang) posisi Gaiman téh.


Wondening kitu, payus keur urang ngimeutan kamandang Gaiman soal pangaruh maca jeung mangpaatna. Gaiman boga konsép ideal sual masarakat litetér. Nyaéta di mana hiji masayarakat geus boga kabiasaan maca nu jadi pangabutuh sapopoé. Masarakat ieu boga kabiasaan maca fiksi, jeung ari fiksi téh mibanda dua fungsi (Gaiman, 2022 kaca 3). Kahiji, fiksi téh bisa jadi panto munggaran keur asup kana dunya resep maca. Rasa panasaran kana naon nu bakal kajadian satuluyna; kahayang keur malikeun kaca saterusna, sab (dina éta carita fiksi) keur aya jalma nu boga masalah, pan urang jadi panasaran kumaha pamustunganana… pangjurung ieu ngadeseh urang supaya maluruh kekecapan anyar, mikiran pirang ide-ide anyar, tug nepi urang sadar yén maca téh hiji pagawéan pikaresepeun. Sabot urang diajar kitu, engkena urang baris boga bekel keur maca naon baé. Kapan maca téh lir ibarat konci, keur muka tulak panto-panto pangarti.


Dina alam pikiran Gaiman mah, urang hirup di dunya nu kekecapan geus undak darajatna jadi leuwih penting tinimbang saacanna; urang nganavigasikeun dunya ieu téh bisa liawat kekecapan, nalika dunya geus asup ka internet, urang kudu maluruh, ngakomunikasikeun, jeung mahamkeun kalayan daria naon bacaeun urang. Sab urang moal bisa silihpaham mun seug teu bisa silihtepikeun eusining pikir, teu bisa slilihkomunikasi, jauhna mah pamohalan bisa silihngarti.


Cara nu basajan sangkan bisa numuwuhkeun barudak nu litetér nyaéta ku jalan ngajarkeun barudak maca, nuduhkeun ka maranéhna yén maca téh pagawéan nu pikaresepeun: hartina, kudu bisa nimu buku nu pikaresepeun maranéhna, béré maranéhna aksés kana buku-buku éta, jeung antep sina anteng maca bukuna.


Gaiman yakin taya buku nu pimatakeun goréng keur barudak. Inyana teu panuju mun aya kolot nu nyénsor—ngawilah-wilah mana nu hadé keur bacaeun atawa nu goréng—bacaeun. “Taya karya pangarang nu matak goréng keur barudak mun mah karya si pangarang éta pada mikaresep, jeung barudak téh pada néang deui keur bacaeun, sabab tiap budak téh béda ... idé nu kuno teu jadi kuno deui keur nu anyar pinanggih mah …” cék Gaiman tandes. “Ulah rék ngajauhkeun barudak tina bucu-baca lantaran urang boga angkeuhan maranéhna maca buku nu salah (cék urang). Fiksi nu ku urang teu dipikaresp téh bisa jadi panto keur maranéhna kana buku lian nu saenyana urang téh hayang maranéhna maca éta buku. Jeung sing inget, teu kabéh jalma sarua karésepna siga urang.” (kaca 5)


Mémang kaharti, rata-rata kolot nyaram barudak maca hiji buku téh awahing kajurung ku niat nu hadé. Tapi ieu panyaram téh bisa ogé jadi matak runtagna kacinta barudak kana maca. Urang kudu nganteur barudak naék kana hambalan maca: sakur nu ku dipikaresep maranéhna, sigana baris nyababkeun maranéhna lumampah nincak sahambalan-sahambalan kana tarajé literasi.

Kadua, nu dipigawé ku fiksi téh bisa numuwuhkeun émpati. Ku maca fiksi, lalajo TV, atawa film, urang téh nyaksian naon rupa nu karandapan ku batur. Prosa fiksi anu kawangun tina 26 hurup jeung sawatara tanda baca, bisa hirup soténan lantaran urang maké imajenasi (sawangan) urang, ngawawaas dunya jeung karakter-karakter jalma di sajeroeunana, urang nyawang dunya liwat panempo batur. Muka pirang-pirang kokocoran kasempetan nu boa hamo bisa kasorang ku cara lian: datang ka saban nagara nu ahéng tur anyar, nu iraha boa bisa kajugjug, ngararasakeun rupa-rupa hal, panggih jeung pirang jalma nu adat kabiasaanana béda, liwat fiksi urang bisa jadi batur, jeung nalika urang balik deui ka dunya urang sorangan, saeutikna urang téh robah.


Émpati téh cukang keur nyieun hiji jalma maliré jalma séjén, maliré hiji riungan jalma, méré kamungkinan leuwih merenahkeun diri jadi inidividu nu teu jongjon ka diri sorangan. Séjénna deui, tina maca téh urang baris pinanggih hal penting: dunya téh teu kudu siga kieu baé, sagala hal kadunyaan téh bisa jadi béda. Intina mah ngarangsang sangkan urang rancagé. Nah sigana lebah dieu kaharti ku urang, naha maca jeung ngalamun téh bisa jadi penting. Maca butuh ngalamun, imajenasi bisa ngabantu keur ngalelebah, mahamkeun rupaning gagasan, ngagambarkeun rupa-rupa ide. Idé-idé na lamunan nu geus ngaliwatan prosés meuweung ngutahkeun téh deudeul wé ku émpati, bisa ngawujud jadi laku nu rancagé. Ieu mungkin baé bisa kahontal upama barudak urang geus boga karesep kana maca, sok sanajan lain prosés nu instan.


Perpustakaan: Leuitna Informasi


Cara lian keur ngancurkeun rasa kacinta barudak kana maca téh, geus pasti, ku cara mastikeun euweuh pisa buku di sabudeureunana, sarta teu nyadiakeun patempatan keur maranéhna maca. Lebah dieu perluna aya perpus téh. Cék Gaiman, perpustakaan téh sual kabébasan. Kabébasan maca, bébas mikir, bébas keur komunikasi. Perpus téh sual atikan (nu mana ieu téh hiji prosés nu teu bérés saharitaeun sabot urang bérés ti sakola atawa ti kampus). Perpus téh sual panglipur, sual ngawangun rohangan nu aman, jeung sual aksés kana informasi.


Ésénsi tina perpustakaan téh raket patalina jeung sipat informasi (perpus téh leuitna informasi). Informasi mibanda nilai, sok komo infomarsi nu pas mah nilaina téh pohara gedéna. Tina sajarah panjang umat manusa, urang téh geus hirup ngaliwatan mangsa nalika informasi téh kacida langkana, jeung miboga informasi nu dipibutuh téh salawasna penting jeung éstu hargaan; informasi iraha-irahana bisa ngamimitian tatanén, informasi di mana urag bisa maggihan rupa-rupa hal kayanig peta, sajarah, atawa kisah. Kalintang pentingna informasi téh, saking pentingna keur sing saha nu mibandana bisa matok harga keur mikeun éta informasi.


Dina sawatara taun katompérnakeun, urang téh geus ngised ti ékomoni nu dumasar kana arang-langkana informasi ka ékonomi nu dumasar informasi nu kamerekaan. Gaiman nyutat kamandangna Eric Schmidt ti Google (kaca 11), nu nyebutkeun yén kiwari satiap dua poé téh umat manusa ayeuna geus bisa nyiptakeun informasi lobana sabanding jeung salila ku manusa dijieun ti awal peradaban nepikeun taun 2003. Éta téh kira-kirana lima exobite data sapoéna, keur sing saha baé nu nyatet.


Nu jadi tanjakan keur urang kiwari téh lain deui manggihan tatangkalan langka nu aya tumuwuh di gurun, tapi manggihan hiji tangkal tinangtu nu nu aya di leuweung. Najan kitu, lain hartina sakur hal di dunya téh geus kanyahoan kabéh. Tah ku kasus kitu mah, urang téh bakal butuh kana pitulung nganavigasikeun infomasi éta keur manggihan informasi nu bener-bener dipiabutuh ku urang.


Ilaharna jalma daratang ka perpustakaan téh keur nyiar informasi. Buku mah ngan semet cukang tina gunung és informasi, perpus nyadiaan buku kalawan bebas jeung légal. Kiwari, barudak nu nginjeum buku ka perpustakaan téh bisa jadi leuwih loba ti batan mangsa saméméhna. Deuih, perpus nyadiakeun buku dina rupa-rupa wangun; kertas, digital, samalah dina rupa audio. Perpus ogé nyadiaan konéksi internet, urang bisa daring kalayan haratis.


“Kuring teu percaya sakabéh buku baris atawa kudu migrasi kana layar,” cék Gaiman (kaca 12). Hiji mangsa, Douglas Adams kungsi nuduhkeun data ka Gaiman, eusina nétélakeun kurang leuwih salila 20 taun saacan Kindle aya, buku citak téh lir ibarat lauk hiu. Demi hiu téh apan spésiés kolot: cék cenah hiu geus kokojayan di sagara, méméh ayana dinosaurus. Jeung alésan naha hiu téh masih kénéh aya nepi kiwari, sabab hiu mah mémang pantesna jadi hiu tinimbang jadi spésiés lian. Tah kitu ogé masalah buku citak. Buku citak téh kuat, hésé diancurkeun.


Keur urang, cukup perlu ku caangna panonpoé atawa lampu, genaheun nyekelna: buku citak bakal cocog aya dina bentuk buku, jeung baris aya wé tempat keur dirina. Buku citak téh apan bagéan ti perpustakaan, sakumaha halna perpustakaan geus jadi patempatan keur urang nganjang supaya meunang aksés kana buku éléktronik, buku audio, DVD, jeung kontén wéb. Ku kituna rék pikumahaeun perpustakaan kahareupna téh pikiraneun urang ti ayeuna, di jaman di mana literasi jadi leuwih penting manan saacanna, di dunya téks jeung émail ieu, dunya di mana informasi téh réréana aya dina wangun tinulis.


Sab perpus téh jadi panto gerbang keur mangsa nu baris datang, Gaiman milu mangwatirkeun ka sawatara otoritas daérah di sakuliah dunya nu narutup perpusna supaya ngirit anggaran. Lir ibarat maranéhna téh geus maok ti mangsa jaga keur kauntungan ayeuna nu saharitaeun.


Buku—keur Gaiman—jadi cara pikeun nu geus taya dikieuna nyarita ka urang. Cara urang keur nyuprih pangaweruh ti aranjeunna; cara kumaha kamanusaan diwangun saluhureun dirina, tuluy ngarekah, nyababkeun pangaweruh téh nambahan jeung lain ukur diajarkeun deui ku cara nu kitu-kitu kénéh. Urang sakabéhna—salaku nu maca, pangarang, salaku warga ti hiji nagara—boga kawajiban jeung tanggung jawab keur mangsa nu baris datang. Tanggung jawab jeung kawajiban ka barudak, jeung keur barudak éta nalika jaga geus sawawa, rék pikumahaeun dunya nu baris ku maranéhna ditempatan.


Urang boga tanggung jawab keur ngarojong perpustakaan. Ngamangpaatkeun éta perpus, ngajak batur sangkan ka perpus tur milu protés mun seug aya perpus nu ditutup. Mun urang teu ngahargaan ayana perpus, bisa jadi urang téh geus teu ngahargaan kana informasi, atawa budaya jeung kawijaksanaan.


Saenyana mah urang geus boga bekel keur nuluykeun kamekaran minat maca jeung ngarojong aksés informasi (liwat perpus jeung samisalna) sangkan sumebar. Lian ti pangjurung firman Gusti, urang gé boga tapak-lacak ti karuhun. Kamekaran literasi nu kungsi hirup jeung hurpina di urang Sunda, apan geus tibaheula ayana. Naon buktina? Kapan geus pada apal kana nu disebut naskah-naskah Sunda kuno. Aya puluhan naskah Sunda kuno nu sawatara ti éta naskah téh nyebutkeun asalna ti kabuyutan-kabuyutan nu aya, boh di Tatar Sunda atawa saluareun Tatar Sunda.


Cék Atép Kurnia dina Buku dari Kabuyutan (dimuat dina buku Googling Gutenberg, 2019), tina sajumlah katerangan (kira-kira awal abda ka-17), kabuyutan di urang baheula miboga fungsi séntral nalika téknologi komunikasi naskah Sunda kuno harita lumangsung. Sabab ari kabuyutan harita mah miboga sawatara fungsi, lian ti ngacu kana patempatan Karamat jeung patapan, tapi aya ogé nu fungsina keur tempat nulis, nyalin, jeung nyimpen sawatara naskah nu asalna ti kabuyutan-kabuyutan séjén saluareun Tatar Sunda, saperi ti Jawa jeung Bali.


Wangunan karamat nu aya patalina jeung buku dina bentuk nu basajan éta, cék Atép (2019, kaca 2), mun dina tradisi literasi barat mah katelahna scriptorium. Séjén halna, ayana kabuyutan—salaku scriptorium—téh nuduhkeun yén ayana pangaruh budaya saluareun urang nu nyurup kana budaya urang, nyaéta ti Hindu jeung Budha, ogé ti Islam. Tuh geuning, kabuyutan baheula nu aya di urang téh kungsi fungsina jadi siga perpus kiwari, aya kagiatan maca jeung nulis, ogé keur nyimpen buku (naskah) jauhna mah keur nyimpen rupaning ingetan koléktif urang Sunda harita.


Di urang kiwari geus katara perpus téh réa, rék nu pamaréntah atawa nu suasta. Taman Bacaan Masyarakat (TBM) nu sumebar di daérah-daérah ku alpukahna jalma-jalma nu haat kana kondisi literasi di sabudeureunana atawa sok rajeun aya nu ngahaja muka koléksi buku pribadi di imahna sangkan kabaca minimal ku dulur atawa babaturanana. Mémang jajauheun kénéh kana sistem masyarakat litétér nu ideal cék Gaiman mah. Tapi ku kitu ku kieuna, urang masih kudu satékah polah pikeun ngaronjatkeun jeung ngarojong kana cita-cita sangkan kabiasaan maca, nyadiakeun aksés bacaeun, jeung milu haat kana patempatan nu ngadeudeul kana kagiatan maca téh tuluy lumangsung ayana, minangka bekel keur anak-incu urang jaga.***


*) Rumpaka Majalah Iber Anyar, aktif nulis di sababaraha média basa Sunda.


SUMBER: MAJALAH IBER ANYAR | EDISI 03 TAUN II - OKTOBER - DESEMBER 2023

BACA JUGA:

Bagéa! Iber Anyar Sayogi dina Versi Online