Pustaka Mangsa jeung Panaratasna di Persatuan Islam (PERSIS)

oleh Rumapaka Iber Anyar

12 Mei 2025 | 17:00

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

11. Iber


Majalah Iber medal dina kaping 1 Agustus 1967. Panaratasna KH. E. Abdullah. Dina gambar ilustrasi jilid majalahna nu munggaran (ilustrasina digambar ulang sigana nganggo pulpén, dina majalah Iber No. 144-Tahun XIV, 15 Januari 1980), alamatna di Jl. Astana Anyar 52/21 Bandung. Majalah anu susulukna nyutat QS. Ali Imron ayat 104 ieu, dipasihan katerangan “Siaran Persatuan Islam, Majalah Dakwah Persatuan Islam” jeung katrangan “Khusus Anggota jeung Simpatisan”. Dina sawatara édisi tagline-na “Basana Moal Basi”, aya mangsana ogé tagline-na téh “Amar Ma’ruf Nahyi Munkar”.


Dina seratan KH.E. Adullah anu midang dina Iber No. 237/ Thn XXVII, April 1995, inyana nyaurkeun medalkeun Iber téh, “Modal nyalira, éstuning modal dengkul”, saurna. Sabadana KH.E. Abdullah ngantunkeun dina taun 1994, Iber diteraskeun perjuanganana ku KH. Emon Sastranegara kalih para penerus sanésna. Kantos pundah-pindah anu ngokolakeunana téh, numutkeun Dadan Wildan (2011), anu neraskeun ngokolakeunana téh ti antawisna cabang-cabang Persatuan Islam anu aya di Kota Bandug. Dina taun 1991, Iber téh dikokolakeun ku Pimpinan Daérah Persatuan Islam Kota Bandung. Keur pangabutuh ngalegaan ambahan sumebarna, ti barang taun 2011, Iber dikokolakeun ku Pimpinan Wilayah Persatuan Islam Jawa Barat. Saban ulah-alih éta, girang rumpakana masih tetep ku KH. Emon Sastranegara.


Dina seratanana anu judulna “Pait Peuheurna Ngokolakeun Majalah Basa Sunda”, Ustadz Emon Sastranegara (2006) nguningakeun, anjeunna gaduh pamadegan yén mun mah hayang “suksés” dina dakwah, kadé tong poho kana hiji pananya, “Basa naon anu dipaké ku maranéhna?”. Saur anjeunna, “Lamun téa mah di Tatar Sunda, basa Indungna téh basa Sunda, nya tangtu dakwahna ogé kudu ngaliwatan panto basa éta, basa Sunda; sakumaha anu parantos dipintonkeun ku para nabi sareng rosul ti payun.” Saur anjeunna deui, “… Kasawang gampangna dakwah ku basa Sunda, tapi bukti anu kasaksi di lapangan, ngokolakeun majalah maké basa Sunda bari sakalian dakwah atawa dakwah maké basa Sunda, nu karasa téh loba pisan peuheurna manan amisna, bari hirup di Tatar Sunda, anu darumukna ogé nyaritanana téh maké basa Sunda deuih.” (Sastranegara, 2006: 164)


Tumali jeung pasualan di lapangan, sahenteuna aya tilu perkara penting numutkeun Ustadz Émon (2006) anu patali jeung perkara ngokolakeun majalah dakwah basa Sunda: 1) pangarang, 2) pamasaran, jeung 3) hasil.


Masalah pangarang, sok remen saur anjeunna, nu narulis téh réa anu méré alesan yén ngarang ngagunakeun basa Indonésia asa leuwih lancar mun dibandingkeun jeung ngarang ku basa Sunda, duméh mun maké basa Sunda mah loba kauger ku undak-usuk basa. Padahal, saur anjeunna, teras nyutat kasauran kasepuhan Bapa Ahmad Sobandi, jurutitén Iber, sabenerna mah dina urusan karangan basa Sunda, undak-usuk mah geus teu pati jadi cicirén hadé atawa goréngna hiji tulisan, anu kudu diimeutan mah pasualan anu patali jeung makéna basa Indonésia anu disangkana téh basa Sunda, padahal lain, alias basa Kamalayon. Sok sanajan kaweruh kana undak-usuk basa ogé teu meunang dikantun, sabab masih kapaké dina paguneman sapopoé kanggo udagan silih ngahormat antara nu sahandapeun ka saluhureun, atawa keur ka sasamana.


Ari perkara pemasaran, saur anjeunna, “Usaha jeung kasab naon baé sabenerna mah teu bisa lésot tina anu disebut pamasaran. Sagoréng-goréngna barang, mana komo anu hadé, ngayakinkeun 'konsumén' sangkan kataji jeung katarik ku éta barang, tug nepikeun ka manéhna téh hayang meuli, padahal bisa jadi saenyanamah teu hadé-hadé teuing.” Kalolobaanana—numutkeun anjeunna—di urang téh goréng pemasaranana, dina harti ngayakinkeun konsumén anu kurang, katurug-katutuh ku pamodalan anu sarwa walurat.


Anapon tumali jeung pemasaran majalah basa Sunda, saur anjeunna mah énténg bangga. Anu énténgna, teu pira ngan kari daékna nyitak pidakwaheun ku basa Sunda ka jalma-jalma anu umangken urang Sunda, nyaritana ogé ku basa Sunda saban poé, tatapi dina kanyataanana mah teu kitu. Inyana maparina kamandang keur ngungkulan perkara banggana, “Simkuring umajak ka balaréa, urang mimitian baé ku urang sorangan, nyaéta sing resep meuli (maca) majalah atawa koran nu basana maké basa Sunda. Sabab Allah SWT bakal ngajamin basa Sunda moal leungit di dunya, da éta téh basa Pangéran kénéh, tatapi teu mustahil basa Sunda bakal leungit ti Indonésia, hususna di Tatar Sunda, alatan anu macana geus teu aya.” (Sastranegara, 2006: 166)


Perkara hasil, inyana neraskeun sasauran, “Sakumaha anu geus diterangkeun di luhur kumaha hésé bélékéna ngokolakeun majalah anu basana maké basa Sunda, upama ditempo tina jihat matéri mending dagang sangu. Ayeuna dikarih, ayeuna diakeul, ayeuna dipasarkeun alias didagangkeun, harita kénéh meunang hasil, sakurang-kurangna nu bogana milu dahar wareg.” Perkara masarkeun hasil mikir ku rupaning tulisan basa Sunda mah, kalayan tandes anjeunna nyaurkeun, “…Teu kitu. Malah anu aya remen rugina manan hasilna. Tapi pikiran samodél kitu téh lamun ditinggal tina jihat matéri wungkul.”


Dina pamungkas tulisanana, anjeunna nyaurkeun, ku rumpaka baris dicutat satarabasna:


“Simkuring boga kayakinan, naon sababna hiji majalah, upamana baé Iber, bisa jalan ampir opat puluh taun, cék babasan téa mah genténg-génténg ogé teu kungsi potong, nepi ka kiwari, alhamdulillah teu kungsi reureuh, ngarayap lalaunan, insya Allaoh nepi kana udagan mardhatillah. Sabab, aya anu nyangkaruk dina kalbu, namper dina pipikiran, yén lamun téa mah hiji tulisan ku basa Sunda dibaca ku sabagéan balaréa, tuluy dipaké bahan hutbah, pidato, gunem catur, malah leuwih ti éta dipaké bahan débat, ieu téh mangrupakeun ajén anu pangmahalna, anu teu bisa digambarkeun ku éntépan duit, dina harti aya kasugemaan batin. Sabab lamun teu kitu, bakal poos di dunya lapur di ahérat.” (Sastranegara, 2006)


Majalah Iber, lirén medalna, mun teu salah, dina taun 2015. Sateuaacanna, KH. Emon Sastranegara tedamang, panangkes Iber téh ku Utadz Adé Saéful Aziz kalih rumpaka anu sanésna. Tug dugikeun KH. Émon Sastranegara dipundut ku Nu Maha Kawasa, dina ping 25 Pébruari 2019. Tangtosna, aranjeunna sadaya—boh KH.E. Abdullah, boh KH.Emon Sastranegara, atanapi rumpaka sanésna anu tos mulih ka kalanggengan—ngantunkeun jasa anu kalintang pisa ageungna.


12. Tamaddun


Dina mangsa kapamingpinan M. Yaman Amir Suharyaman, salaku Ketua Umum Pemuda PERSIS mangsa jihad 1967-1981, dumasar kasapukan Muktamar V Pemuda PERSIS di Bandung anu lumangsung ping 22-27 Novémber. Dina taun-taun ieu, numutkeun Abu Al-Ghifari jeung Dani Asmara dina Sejarah Perjuangan Pemuda Persis (2002), anu dicutat deui ku Gugum Gunawan dina Dakwah Pemuda Persis (Habibillah, et al., 2021) dumasar sawatara katrangan ti Ustadz Entang Muchtar, Pemuda PERSIS dina jaman harita, henteu ukur nunutur ka PERSIS. Dina mangsa harita ogé mimiti disusun sistem keur ngader anggota kalayan diayakeun Tajwidul Fityanil Qur’an (Tafiq).


Dina taun 1970-na, Pemuda PERSIS medalkeun majalah Tamaddun. Teu acan kapaluruh kalayan jéntré saha-saha anu ngokolakeunana, atanapi dugi nomber sabaraha medalna.


Ti antawis pustaka mangsa atawa publikasi lianna anu medal ti otonom, sakaterang di Hima PERSIS kantos medal Ulul Albab: Jurnal Ilmu dan Kebudayaan (No. 1, Januari-Juni 2002). Teu acan ti PERSISTRI, Pemudi, jeung HIMI. Teu acan deui kajaring data ti para santri Rijaalul Ghad (RG) & Ummahaatul Ghad (UG) anu di saban pasantrénna séwang-séwangan sok medalkeun buletin, atawa boa bisa jadi aya nu medalkeun majalah. Teras ti tabéh komunitas-komunitas anu aya patalina jeung PERSIS, boh sacara struktural boh sacara kultural. Tangtos masih tiasa janten bahan guareun.


Aya mangsana medalkeun pustaka mangsa, pamflet, jeung buku téh jadi cicirén anu dalit jeung PERSIS. Sakumaha kasebut ku Federspiel, atawa ku Denys Lombard dina Nusa Jawa Silang Budaya. Samalah kungsi boga bidang garapan anu husus medalkeun buku, Persatoea Islam Bahagian Pustaka. Kiwari, aya PERSIS Pers, atuh geus sakuduna dirojong ku balaréa. Majalah Risalah sangkan tuluy bisa medal, lain pikiraneun para tasykil wungkul, tapi jadi tanggel waler urang sadaya salaku warga jam’iyyah. Samalah kiwari mah tos aya ramat-loka persis.or.id, kanal YouTubé PERSISTv, jeung réa-réa deui. Pon kitu deui majalah Iber Anyar anu karék melentis, mugia baé bisa ngigelan jaman, ngajorag rupa-rupa nu baris datang sungsieun isuk pagéto, tatapakanana teu poho kanggo neraskeun jariah para panaratas nu ngabaladah lembur dakwah bil kitabah, mangsina luyu jeung masa, sok sanajan bari ngarayap, sahambalan-sahambalan mugia baé tiasa nuju kana mardhatillah.


Tangtosna baé gedé pisan kamungkinan tina tulisan beunang nyusun rumpa ieu téh ti ditu ti dieuna masih carang tur cawérang. Aya majalah/pustaka masangsa séjén anu teu acan kasebatkeun. Neda sihapunten saupami aya nu kalangkung. Boh bilih aya pustaka mangsa dina wangun majalah anu teu kalebetkeun, mugia baé para mitra Iber Anyar kersa ngintunkeun kamandang kalih pangdeudeulna kanggo ngawewegan data dina ieu tulisan ngalangkungan koropak surélék ka: [email protected]. Teu hilap rumpaka ngahaturkeun nuhun ka Sadérék Aldy Istanzia Wiguna, anu tos ngintun seratan ngeunaan "Media Lokal di Persatuan Islam", pangdeudeulna kalintang pisan ageungna kanggo ngaeuyeuban informasi ngeunaan pustaka mangasa Persatuan Islam.



Sawatara Rujukan


Al-Ghifari, A., & Asmara, D. (2002). Sejarah Perjuangan Pemuda Persis. Bandung: Mujahid Press.


Dadan Wildan, M. (19-22 Desember 2011). "Pergulatan Persatuan Islam (Persis) dalam Dakwah di Tatar Sunda (Kajian Terhadap Majalah Iber Sebagai Media Dakwah Berbahasa Sunda). Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) II, Revitalisasi Budaya: Peluang dan Tantangan Dalam Dunia Global. Bandung: Yayasan Kebudayaan Rancagé. (Kaca 7-15)


______________. (2015). "Perjalanan Sejarah Persatuan Islam. Dina Anatomi Gerakan Dakwah Persatuan Islam. Tangerang Selatan: Amana Publishing. (Kaca 57-61).


Fauzan, Pepen Irfan. (2023). Dari Perbendaharaan Lama Persatuan Islam: Capita Selecta Sejarah Persatuan Islam (PERSIS) dan Bagian Otonomnya. Bandung: PERSIS Pers.


Federspiel, Howard M. (1966). Persatuan Islam: Pembaharuan Islam Indonesia Abad XX. Beunang narjamahkeun D. Asmin, M.A., & D. Mochtar, M.A. tina PERSATUAN ISLAM: Islamic Reform in Twentieth Century Indonesia. Yogyakarta: Universitas Gajah Mada Press.


Habibillah, E. P., Nabhan, H. A., Syarief, N., et. al. (2021). Gerak Jihad Pemuda Persatuan Islam: Konsep dan Praktik Jihad Pemuda Persatuan Islam 2015-2020. (M. Muslim Nurdin, Ed.) Bandung: Tsaqifa Publishing.


Khaeruman, Badri. (2010). Persatua Islam: Sejarah Pembaruan Pemikiran Kembali Kepada Al-Qur'an dan Al-Sunnah. Bandung: Forum Alumni Pondok Pesantren Persatuan Islam (FAPPI) & Iris Press.


Latif, Yudi. (2012). Intelegnsia Muslim dan Kuasa: Genealogi Intelegensia Muslim Indonesia Abad Ke-20. Jakarta, Indonesia: Democracy Project.


Mughni, S. A. (1994). Hassan Bandung Pemikir Islam Radikal. Surabaya: PT. Bina Ilmu.


Natamidjadja, H. Endong. (2012). Sisi Lain Perjuangan Persatuan Islam di Kecamatan Pameungpeuk Kabupaten Bandung. (Kosim. Kusnadi, & L. Awaludin, Ed.) Bandung: Pustaka Nadwah.


Noer, Deliar. (1982). Gerakan Moderen Islam di Indoesia 1900-1942. Yogyakarta: LP3ES.


Sastranegara, É. (2006). "Pait Peuheurna Ngokolakeun Majalah Basa Sunda". Dina Ngamumulé Budaya Sunda, Nanjeurkeun Komara Agama: Lokakarya Da'wah Islam Napak Kana Budaya Sunda, Bandung 17-19 Januari 2006. Bandung: Perhimpunan Keluarga Besar Pelajar Islam Indonesia (Perhimpunan KB-PII) Jawa Barat. (Kaca 163-167).


Sumber Majalah:


Majalah Al-Lisaan, No. 1, 27 Désémber 1935.

Majalah Al-Lisaan, No. 12, 23 Novémber 1936.

Majalah At-Taqwaa, No. 1, 15 Désémber 1936.

Majalah At-Taqwaa, No. 10. 01 Novémber 1937.

Majalah At-Taqwaa, No. 01 Januari 1949.

Majalah Iber, No. 144, 15 Januari 1980.

Majalah Iber, No. 327, Thn XVII, April 1995.



Kungsi dimuat dina MAJALAH IBER ANYAR | EDISI 03 TAUN II - OKTOBER - DESEMBER 2023

BACA JUGA:

Kamandang Budaya: Niténan Sawatara Média Lokal Persatuan Islam