Ngahirup-huripkeun Deui Budaya Tatanen Urang Sunda

oleh Redaksi

18 Januari 2025 | 07:11

Ngahirup-huripkeun Deui Budaya Tatanen Urang Sunda

Oleh: Dr. Tiar Anwar Bachtiar, M.Hum


Ari urang Sunda teh umumna hirup di wewengkon pagunungan nu salubur. Tatar Sunda rek di kulon, wetan, kidul, atawa kaler kawilang wewengkon-wewengkon anu teneuhna aralus dipake pepelakan. Nu matak teu aneh lamun urang Sunda kalolobaana hirup tina hasil tatanen. Aya oge nu hirup di basisir kidul jeung kaler. Kahirupana loba tina hasil laut. Tapi ari keur usum lambak jeung angin gede mah biasana baralik deui ka sawah atawa ka kebon keur nyumponan kabutuh sapopoe. Sawareh deui mah milih daragang. Ngan nu kana balantik mah jumlahna leuwih saeutik daripada nu tatanen.


Kiwari sigana anak turunan urang Sunda rek di pilemburan, komo di kota-kota, loba nu geus teu hayang nuluykan tapak lacak kolot jeung karuhunna jaradi patani. Kalolobaan nonoman kiwari suka keneh jadi kuli di pabrik deungeun daripada bobolokot leutak di sawah sorangan. Dumasar kana Sakernas (Survey Angkatan Kerja Nasional) taun 2020 di Jawa Barat tanaga tani teh beuki dieu beuki ngurangan. Anu jadi patani kelompok umur 45-49 taun ngan ukur 36,30 %; sedengkeun dina kelompok umur 30-44 taun mah beuki ngorotan, nyaeta ngan ukur 24,06%. Eta oge anu jaradi patani lolobana alatan euweuh piliheun deui pagawean sejen sabab lolobana ngan ukur tamatan SD ka handap. Kacida pisan gede jumlahna patani nu ngan ukur tamatan SD ka handap teh, nyaeta 81,32%. Ieu nuduhkeun yen pilihan propesi jadi patani teh lain propesi nu dipikareueus. Lamun seug bisa katarima jadi pagawe di pabrik nu kiwari syaratna paling henteu kudu tamat SMA mah, sigana loga nu bakal pindah pacabakan.


Tangtu lamun nu jadi patani beuki ngurangan, bakal loba kebon jeung sawah nu dianggurkeun. Lila-lila lamun beuki saeutik lahan tatanen anu teu digarap alatan euweuh anu ngokolakeunana, maka nu bakal disinghareupan ku urang di hareupeun panon teh “krisis pangan” alias paceklik kadaharan. Padahal unggal poe pan urang kudu barang dahar. Ari kadaharan urang asalna ti sawah jeung kebon. Antukna pamarentah nu embung mikir mah pikeun nyumponan kabutuh pangan rahayat ngadon meuli ti nagara batur (impor). Padahal, loba keneh lahan nu teu kagarap. Kahayang pikeun nyumponan kabutuh kadaharan sorangan (swasembada pangan) sabenerna masih keneh gede kasempetana. Tapi ku alatan hoream mikir tarik keur meresan masalah beuki sautikna jumlah tanaga tani, kaayaan nu pasti baris ngahesekeun kahirupan rahayat ieu teh kalahka diantep-kajeunkeun, teu dipirosea kalawan daria.


Naon atuh alatana nonoman saeutik nu harayang jaradi patani? Sahenteuna aya dua alesan. Kahiji, aya ajen budaya nu ngised. Nonoman geus nganggap tatanen geus teu aya ajenna, atawa ajenna teu luhung. Sabenerna pamanggih ieu lain ti barudakna, tapi justru nu nepakeun jeung ngajarkeuna teh kolot-kolotna sorangan anu jaradi patani. Loba kolot anu ngajauhkeun barudakna ti sawah jeung kebon. Barudak ti leuleutik teu meunang leledokan. Basana teh budak mah kudu bersih, ulah kotor cara kolotna.  


Kadua, ngisedna budaya sukumaha di luhur tangtu aya kasang tukangna. Budaya bakal kabentuk nalika aya pasualan nu kudu disinghareupan. Dina bagbagan budaya ekonomi, ngisedna budaya tatanen kana budaya sejan sejen saperti jaradi “buruh pabrik”, pasti alatan aya masalah beurat nu disinghareupan ku para patani dina nyumponan kabutuh sapopoe. Tatanen anu samemehna bisa keur nyubadanan sapuratina pangabutuh hirup, kiwari mah sigana geus teu mahi. Teu mahina teh bisa ku alatan mangrupa-rupa sabab. Ngan sigana sabab utamana mah kauntungan tina tatanen geus teu kaharti. Usaha teh neangan paleuleuwih. Nalika nu diteangan teu aya, maka pasti bakal neangan di tempat sejen.  


Kunaon kauntungan patani beuki teu kaharti? Kasang tukangna mah kieu. Jaman baheula tatanen teh teu loba kaluar modal, sakadar ngandelkeun tanaga jeung lahan. Binih bisa ngipuk sorangan, keur ngagedekeuna cukup digemuk make gemuk ti kandang hayam, meri, domba, sapi, atawa munding. Kalan-kalan keur nambahan suburna taneuh cukup ku dangdaunan jeung jujukutan anu aya di kebon dihijikeun jeung taneuh. Lamun di sawah, jarami urut panen diduruk heula tuluy dihijikeun kana leutak. Ti saprak aya kawijakan “Revolusi Hijau” anu maksa patani kudu nikel lipetkeun hasil tatanena, pamarentah zaman Orde Baru ngajarkeun patani pikeun make gemuk-gemuk sintetik (tiruan) anu dijieun tina bahan-bahan kimia pabrikan. Hasilna dina waktu mitembeyan mah memang pikabitaeun. Tatangkalan katingali jadi subur pisan, gancang gedena jeung hasilna mucekil, tikel lipet tina biasana. Tangtu bati tina hasil tatanen teh geus kaitung onjoyna dibanding samemehna. Sugema pisan katingalina nalika anyaran make gemuk kimia, komo bari jeung hargana murah alatan sawareh disubsidi ku nagara. Gara-gara eta, patani-patani tuluy parindah marake gemuk kimia. Pamarentah oge ngahaja nyieun pabrik-pabrik gemuk kayaning PT. Pupuk Kujang di Cikampek, PT. Petrokimia di Gresik, jeung PT. Pupuk Kaltim di Bontang. Malah teu saeutik pabrik-pabrik gemuk swasta jeung asing ngaradeg nalika patani beuki gumantung kana gemuk kimia. Kiwari budaya tatanen geus robah tina tatanen alamiah jadi tatanen “kimiawi”.


Tatanen kimiawi nalika geus ngadaging, antukna jadi kabiasaan anu tuluy ditatalepakeun, malah diwariskeun ka generasi kahandap tug nepi ka kiwari. Ayeuna geus loba patani anu teu apal kumaha carana tatanen ngandelkeun alam. Ampir rata-rata nyahona teh tatanen kudu wae dibarengan ku bahan-bahan kimia kayaning gemuk jeung obat-obatan keur ngabasmi hama tur panyakit tatangkalan. Ku alatan ieu pisan, tani teh jadi kudu gede modal. Munasabah kitu, sabab sakabeh barang-barang ti pabrik mah kudu dibeuli make duit. Keur mitembeyan make kimia mah hargana teh masih kaitung handap sabab disubsidi sawareh ku pamarentah make aggaran nagara tina pajeg rahayat. Jadi, sanajan kaluar modal, masih keneh katutup ku hasilna anu mucekil. Tapi, lila-lila subsidi teh dicabut. Breh we ayeuna mah katohyan harga gemuk kimia anu mahal teh. Tangtu patani ngeuleuweuh teu sanggup meuli gemuk nu sakitu mahalna. Lamun diitung-itung kana pibatieun mangsa panen lolobana mah nyamos. Komo lamun lahan nu digarap ukur saeutik.


Kaayaan samodel kitu anu nyababkeun loba patani nu ngarasa “kapok” jadi patani. Lamun kiwari masih keneh nyekel pacul indit ka sawah jeung ka kebon kusabab euweuh deui pakasaban sejen. Lamun seug mah aya pilihan, tangtu loba patani nu bakal pindah pakasaban. Kaayaan samodel kieu anu ngalantarankeun patani teu hayang anak-anakna jaradi patani. Patani doa keneh anakna buburuh di pabrik, tibatan leledokan di sawah jeung di kebon bari jeung hasilna teu nyugemakeun.


Lamun geus kieu kumaha atuh ngungkulana? Ceuk pikiran basajan urang, atuh naon hesena balik deui we kana tatanen cara baheula. Sakadar usul mah memang teu hese. Tapi dina prak-prakana mah aya masalah “kabudayaan” anu pakusut. Malikkeun deui kabiasaan jeung pangadatan hirup nu geus matri lain pagawean enteng. Baheula oge nalika Soeharto hayang ngarobah kabiasaan tatanen alami jadi kimiawi kudu ngeprak “penyuluh pertanian” anu jumlahna puluhan rewu pikeun langsung mangaruhan patani sangkan daek marake bibit pabrik, gemuk kimia, jeung pestisida buatan. Alesana mah sangkan hasil tani mucekil jeung bisa nyumponan kahayang Soeharto “swasembada pangan” zaman harita. Memang sekitar tahun 90-an dina mangsa akhir kakawasaan Orde Baru, Indonesia hasil maksud bisa nyumponan sorangan kabutuhan kadaharana tina usaha intensivikasi pertanian. Hanjakal eta prestasi teu lila. Saenggeus Zaman Reformasi tahun 1998 nepi ka kiwari, nagara urang justru saban taun beuki mahabu impor bahan pangan kayaning beas, gandum, kadela, malah sayur-sayuran samodel kentang, wortel, bawang, jeung sajabana oge imporna beuki gede wae. Ieu oge salah sahiji sabab patani tara kabagean harga nu alus saban-saban panen. Barang di pasaran loba alatan impor kacida lobana. Atuh patani teh beuki ripuh wae. Geus puguh bibit, gemuk, jeung pestisida beuki mahal, lagu panen harga murah sabab pamarentah kalahka ngagegedekeun impor ti nagara deungeun. Lobana impor oge nandakeun yen kiwari “swasembada pangan” geus teu kaudag.



BACA JUGA:

Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya

Reporter: Redaksi Editor: Ismail Fajar Romdhon