Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan1

oleh Rumpaka Iber Anyar

22 April 2025 | 01:46

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

Ku: Tiar Anwar Bachtiar


Ceuk para ahli, salasahiji kecap anu hésé ditéangan kasapukan définisina téh di antarana kecap “budaya.” Dina mangpirang-pirang buku anu husus nalungtik bagbagan budaya, tétéla masing-masing boga pamanggih nu teu sarua ngeunaan naon anu disebut kabudayaan téh. Antukna, nalika urang nyebut kecap “budaya” kudu dipuguhkeun heula définisi mana nu rék dituturkeun. Kusabab kitu, méméh ieu tulisan dipedar rék diécéskeun heula naon anu dimaksud “budaya” atawa “kabudayaan” dina ieu tulisan.


NAON ARI BUDAYA?


Satutasna macaan jeung ngabandingkeun sawatara définisi, keur saheulaanan mah nu nulis rék nuturkeun définisi ti Clifford Geertz beunang nyutat tina bukuna The Interpretation of Culture (1973). Sanajan aya sababaraha kritik kana définisina, tapi keur tulisan ieu mah dirasa cocog. Ceuk Geertz, nu diaranan budaya téh nyaéta wujudna mangrupa simbol-simbol anu di jerona aya harti pinasti tuluy ngawangun hiji sistim anu pakait dalit antara hiji bagéan jeung bagéan séjénna dina kahirupan; éta sistim bisa dipikawanoh ku masarakat sakabéhna, ku cara ditatalépakeun maké rupa-rupa jalan ti generasi ka generasi. Cindekna mah kabudayaan téh mangrupakeun kabiasaan-kabiasaan hirup hasil diajar (learned behavior), lain kabiasaan hirup bawaan orok nu saréréa bisa—teu kudu maké diajar heula—siga leumpang ku suku, dahar ku baham, nempo maké panon. Dina éta kabiasaan anu geus maneuh jadi hiji sistim dina kahirupan, aya rupa (symbol) nu katempo jeung makna (meaning) anu teu katara. Duanana ngajadi hiji teu bisa dipisah-pisahkeun.


Saenyana mah kuring teu pati yakin ieu définisi téknis anu geus kakoncara dina elmu budaya atawa dina élmu antropologi téh baris kapaham téréh-téréh ku nu maca. Keur mantuan sangkan éta définisi bisa kaharti, urang wincik hiji-hiji cicirén kumaha-kumahana hiji perkara bisa disebut budaya. Kahiji, budaya téh mangrupa hasil-hasil tina pikiran manusa. Sakur perkara ana sifatna alamiah (natural) teu kaasup kana hasil-hasil budaya. Pon kitu deui perkara anu datangna ti Allah SWT, kayaning wahyu Allah SWT jeung sakabéh ciciptaan-Na langsung, éta kabéh teu kasebut budaya. Kadua, hasil pikiran manusa nu jadi budaya teu ngan ukur dipikiran jeung dipaké ku sorangan, tapi ogé bisa katarima ku jalma réa, copélna di hiji wewengkon anu tangtu, anu antukna jadi kabiasaan dina kahirupan sapopoé.


Katilu, ku alatan budaya kudu jadi milik balaréa, maka dina prosesna éta kabiasaan-kabiasaan téh ditatalépakeun ku cara diajar, boh diajar dina hirup kumbuh sapopoé di kulawarga, di masarakat, atawa di lembaga-lembaga atikan. Kaopat, wujud budaya nu katinggali bisa mangrupa hasil-hasil pikiran langsung kayaning basa, buku, sajak, falsafah, novél, jeung sajaban; aya ogé anu mangrupa tata aturan atawa padika hirup kumbuh di masyarakat kayaning cara tatanén, cara natangga, cara milih ngokolakeun kakawasaan jeung séjén-séjenna; ogé aya anu wangunna mangrupa barang-barang kayaning imah, kandaraan, papakéan, kadaharan, jeung réa-réa deui. Éta sakabéhna nu katinggali ngabogaan ma’na anu bisa ngajelaskeun naha kunaon wangun budayana kudu sarupa kitu. Kalima, sabab budaya mah meunang manusia, maka tanwandé kakeunaan ogé ku sipat manusa nu owah gingsir, nyaéta pasti bakal aya robahna tara angger dina hiji kaayaan. Anu teu pernah robah mah mungguh ngan ukur anu sifatna ciptaan Mantenna Allah SWT.




BACA JUGA:

Bagéa! Iber Anyar Sayogi dina Versi Online