Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan1

oleh Rumpaka Iber Anyar

22 April 2025 | 01:46

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

Dina kabudayaan, basa téh miboga ajén-inajén anu istiméwa. Lamun hiji kabudayaan mibanda basa sorangan, teu nginjeum basa ka batur, hartina éta kabudayaan bisa ngébréhkeun sakabéh laku budayana sacara langsung tina haté jeung pikiran sorangan, teu nginjeum letah basa deungeun. Saupamana lamun hayang ngébréhkeun “ikhlas” nu asal kecapna tina basa Arab, urang Sunda sok maké kecap “wening ati”. Ari “wening” téh beresih, hérang, teu kacampuran ku kokotor. Ari “ati” lelembutan nu aya dina raga wadag manusa. Nalika urang Sunda ngungkarakeun “ikhlas” ku kecap “wening ati” éta nétélakeun yén urang Sunda geus bisa nyerepkeun basa agama kana pikiranna jeung bisa ngungkarakeun maké basa anu lahir tina paham nu geus nyampak ti méméhna nepi ka urang Sunda bisa leuwih ngarti kana harti kecap “ikhlas” nu asalna tina agama jeung basana maké basa Arab. Ieu hartina ajaran agama bisa gumulung ngajadi hiji jeung lelembutan urang Sunda tug nepi ka ungkara agama bisa jadi bagéan nu matri jeung budaya Sunda. Lamun ungkara “ikhlas” geus bisa ditepikeun maké basa budaya nu geus matri dina kahirupan urang Sunda, maka ajaran agama bisa leuwih babari ditarima.


Nyutat deui kana kamandang Clifford Geertz, salasahiji pungsi budaya anu mangrupakeun sistim konsépsi-konsépsi pangalaman manusa anu diungkarakeun dina rupa-rupa wanda (symbol) téh nyaéta pikeun lancarna komunikasi ka papada manusa. Komunikasi téh boga tujuan nepikeun hiji maksud anu tangtu ti hiji jalma ka jalma anu séjén. Komunikasi moal bisa jalan lamun teu aya simbol anu ngagambarkeun maksud nu rék ditepikeun. Simbol nu pangbabarina keur nepikeun maksud téh nya basa pisan. Bisa ogé maké simbol-simbol anu séjén siga ku gerak awak (gesture), gambar-gambar, pagawéan leungeun, jeung nu séjénna, ngan pédah éléh jelas lamun dibandingkeun jeung simbol basa mah.


AGAMA JEUNG BUDAYA


Tuluy kumaha lamun ieu budaya téh dihubungkeun jeung agama, utamana agama Islam nu diagem ku urang? Lamun nuturkeun kana téori urang Barat mah agama téh salasahiji wangun budaya. Hartina agama téh meureun hasil tina pipikiran manusa. Tah palebah dieu mah téori ieu pasalia jeung pamadegan urang salaku umat Islam. Urang boga kayakinan yén agama Islam téh lain hasil pikiran manusa, tapi éstu asli datangna ti Allah SWT anu dititipkeun ka kanjeng Nabi Muhammad SAW. Naon anu ditepikeun ku Kanjeng Nabi SAW lain dumasar kana mamanahan anjeunna, nanging éstu ngan sakadar nepikeun pesen ti Allah SWT mangrupa wahyu Al-Qur’an. Salian ti éta, Kanjeng Nabi SAW ngamalkeun dina kahirupan sapopoé dumasar kana pituduh Allah SWT ogé, lain dumasar kahayang napsuna. Éta amaliah Nabi SaW kasebutna sunnah. Adu manis antara Al-Qur’an jeung Sunnah Nabi SAW mangrupakeun dasar agama keur umat Islam nepi ka datangna waktu Kiamat. Ieu dasar teu robah jeung moal robah sanajan manusa jeung kahirupana loba rarobah. Ieu pisan nu jadi alesan utama yén agama Islam lain bagéan tina budaya sakumaha kacindekan para ahli di Barat.

BACA JUGA: Konsep Waktu Dan Tempat Dalam Peribadatan Umat Islam