Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan2

oleh Rumpaka Iber Anyar

10 Mei 2025 | 17:01

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

Tah palebah dieu pisan pancén da’wah jadi beurat. Beuratna ku alatan agama nu ditepikeun teu meunang robah, sedengkeun umat nu disinghareupan geus boga kabiasaan anu papalingpang jeung papagon agama. Adat téa pan kakurung ku iga; hésé robahna dina waktu nu singget. Kusabab kitu, tangtu para da’i miboga pancén nu beurat sangkan saeutik-saeutik bisa ngarobah adat goréng jadi adat nu hadé dumasar agama. Engké lamun agama geus bisa mangaruhan adat nu goréng tuluy robah jadi adat nu hadé, papagon agama téh geus moal hésé deui ditarima ku masarakat sabab geus meulit ngahiji jeung adat kabiasaan anu lumaku. Mitembeyan jeung ngajaga prosésna nepi ka tina adat jadi adat deui anu anyar butuh waktu jeung kasabaran sangkan istiqomah.


Pentingna da’wah budaya téh sabenerna palebah dieu, nyaéta kumaha ngungkulan karudet nyinghareupan budaya anu pagedrug jeung papagon agama. Dina da’wah budaya, da’i kudu miboga wawasan jeung wewesén dina perkara kabudayaan. Nalika rék ngarobah hiji adat alatan papalingpang jeung agama, da’i kudu geus boga gambaran kira-kira adat naon nu sarupa nu bakal dijadikeun gaganti adat heubeul. Lamun teu boga wewengan budaya anu daria, bisa jadi agama malah ditampik sapajodogan alatan teu méré solusi kana kabutuh manusia anu bisa dicumponan ku kabiasaan-kabiasaan anu maneuh téa. Contona kabiasaan nganjuk ngahutang nu kiwari keur mahabu. Aya nu kasebut “kosipa”, “bank émok”, “pinjol”, jeung réa-réa deui istilahna. Ari nganjuk ngahutang téh dina agama diwenangkeun, sabab salasahiji tarékah dina nalika nyinghareupan karerepet nu nyedek. Ngan mahabuna nganjuk ngahutang téh sok dibarengan ku prakték “riba” anu kacida dipahingna dina agama.


Geus mindeng kadéngé ku urang, loba mubalég anu nerangkeun haramna riba jeung akibat-akibatna ceuk agama. Ngan angger wé prakték renten téh teu areureun. Sabab utamana mah ustadz-ustadz nu biantara ngaharamkeun riba téh can boga tarékah, boh nu sipatna samentara komo nu maneuh mah, pikeun nyumponan kabutuh masarakat anu kaséréd ku pangabutuh nu nyerempek. Kuduna mah, saméméh atawa saenggeus ceramah téh gancang geura pikiran tarékah nu nyata kumaha mantuan masarakat nu butuh téa. Tah nalika néangan tarékah samodél kieu “warisan budaya” nu pernah aya dina mangsa ka tukang bisa jadi salasahiji référénsi. Lamun modél tarékah dina sajarah loba, biasana urang moal pati hésé bongbolongana. Ngan lamun kabeneran suwung pangalaman ka tukang nyinghareupan nu kieu, urang kudu mikir rada tarik ngetrukkeun sakabéh pangaweruh urang keur néangan tarékahna. Lamun geus siap tarékah gaganti, moal pati hésé urang mapatahan umat ngeunaan bahayana riba, sabab, salian ti “pok”-na, geus siap ogé “prak”-na nalika masarakat nyinghareupan masalah anu sarupa. Lamun tétéla cara-cara anyar nu ku urang disodorkeun ka masarakat bisa nyubadanan kana kabutuh masarakat, tuluy éta bongbolongan téh dibalikan deui nalika aya pasualan nu sarupa nepi bulak-balik jadi kabiasaan maneuh masarakat, hartina éta bongbolongan téh geus ngajadi budaya anyar nu diagem ku masarakat. Engkéna teu kudu mubaligh deui nu nerekabkeuna ka sakumna masyarakat, tapi bakal ku masarakat sorangan ditatalépakeuna. Tah ieu leuwihna lamun da’wah geus ngadu manis jeung budaya.


Cag sakitu heula pedaran munggaran ngeunaan hubungan antara agama (Islam) jeung budaya. Mudah-mudahan ieu jadi pamuka lawang keur paguneman ngeunaan Islam jeung kabudayaan anu kacida pisan pentingna dijadikeun salasahiji widang perhatian umat Islam kalawan daria. Sabab kiwari, widang budaya téh loba kapangaruhan ku kapercayaan sékulér jeung musrik ku alatan umat Islam apilain kana ieu pasualan. Wallâhu A’lamu bi Al-Shawwâb.


(SUMBER: MAJALAH IBER ANYAR | EDISI 01 THN. I - PEBRUARI 2022)

BACA JUGA:

Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan1