Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan2

oleh Rumpaka Iber Anyar

10 Mei 2025 | 17:01

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa

Conto deui nu séjén. Agama marentahkan sangkan urang téh kudu hadé ka tatamu jeung tatangga. Malah mah ku agama dipaké ukuran kaimanan. Saha nu teu daék ngahurmat tatamu jeung tatangga, maka teu kaasup jalma anu iman. Budaya diberé kalaluasaan dina ieu hal pikeun mikiran naon sababna urang kudu milampah laku sarupa kitu. Sakabéh élmu panemu jampé pamaké bisa diketrukkeun keur ngaguar meaning tina éta pagawéan. Satuluyna, budaya ogé bisa jadi référénsi kumaha pantesna ngahurmat tamu luyu jeung adat kabiasaan anu lumaku; ogé kumaha bisa ngawujudkeun adat kabiasaan anu tangtu keur ngahurmat tatangga.


Adu manis agama jeung budaya samodél di luhur sabenerna mah bisa dilarapkeun dina sagala widang budaya nepi ka moal aya hiji widang kahirupan manusa ogé anu bakal pagedrug antara agama jeung budaya. Sabab, ari agama sipatna mére “pituduh” (hidayah) ka jalan nu lempeng; sedengkeun budaya sipatna méré ugeran kumaha mraktékkeun hiji perkara sangkan loyog jeung kahirupan nyata anu disinghareupan, loyog jeung kaayaan alam, loyog jeung kabiasaan masarakat satempat, jeung sajabana. Ieu prakték adu manis agama jeung budaya téh geus mangpirang-pirang abad lilana bisa disaksian ku urang dina sajarah di sakabéh tempat anu narima ajaran Islam. Kitu pisan nu kasaksian ku urang dina sapanjang sajarah Tatar Sunda satutasna narima ajaran Islam. Loba pisan budaya Sunda anu eusi-eusina loyog jeung ajaran Islam saperti ayana ugeran “pamali” sukumaha nu dicontokeun di luhur. Pamalina urang Sunda lamun nyaksian aya awéwé lalaki lain muhrim leumpang paduduaan komo pari pagégéyé bangun anu geugeut, tinangtu ieu salancar pisan jeung ajaran Islam nu ngaharamkeun “khalwat”. Kusabab urang Sunda geus leuweih tiheula wawuh kana kecap “pamali” keur ngungkarakeun perkara-perkara anu dipahing, maka haramna khalwat teu disebut “haram” tapi cukup wé maké kecap “pamali” nu geus ilahar dipaké sapopé saméméh urang Sunda wawuh kana Islam. Ku kecap “pamali” éta urang Sunda babari pikeun ngahartikeun jeung narima pagawéan-pagawéan nu kudu ditaringgalkeun. Ku alatan geus kacida dalitna adu manis antara agama jeung budaya dina pangalaman urang Sunda nepi ka geus umum papatah ka barudak di Tatar Sunda yén hirup téh kudu nyekel “agama” jeung “darigama” (adat/budaya).


Conto-conto di luhur bisa jadi babari kaharti ku alatan adu manisna geus jadi jeung geus sumebar di mana-mana sakuliah Tatar Sunda. Tapi tangtu saacan bisa ngahiji antara agama jeung budaya aya proses nu panjang. Komo lamun budaya nu kadatangan agama téh geus nyampak méméhna. Tangtu waé budaya nu nyampak mah geus miboga ciri wanci jeung kabiasaan nu maneuh. Teu sakabéh adat kabiasaan, boh anu sipatna pamikiran, pergaulan, atawa barang-barang ciptaan, loyog jeung ugeran-ugeran agama. Kalan-kalan aya nu pagedrug. Nu loyog mah tangtu teu jadi pasualan. Palebah nu pagedrug tinangtu bakal jadi bibit rurujit bahan pacéngkadan.

BACA JUGA:

Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan1