Guaran: Nyunda Nyunnah

oleh Rumpaka Iber Anyar

01 Mei 2025 | 13:39

Iber Anyar Mangsi Luyu Mangsa


Ku: Hayatul Fauzi


Endang Saefudin Anshari, M.A dina Riungan Ma syarakat Sunda di Bandung tahun 1967 kungsi nyaturkeun “Islam téh Sunda, Sunda téh Islam.” Diktum atawa paméo éta tangtu merelukeun nu ngaranna bukti, naon babakuna? Ajip Rosidi kungsi nalungtik hal éta sakumaha dina salasawios seratanna (2010: 38-50), nu judulna Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tampak dalam Peribahasa”. Teu nyana, dina 500 paribasa nu geus ditaliti ku Ajip ngan 16 paribasa nu maké kekecapan khas Islam. Hartina teu nepi kana lilikuran ogé, teu opat persén persén acan.


Tuluy kumaha atuh sésana? Naha artina teu tulus Islam téh Sunda, Sunda téh Islam? Aya paribasa nu ngagambarkeun hal-hal nu kurang hadé, anu maksudna ngélingan, ngarah masarakat teu tikoséwad. Di antarana:


1. Adam lali tapel

2. Ati mungkir, beungeut nyanghareup

3. Asa aing uyah kidul

4. Lodong kosong ngelentrung

5. Marebutkeun balung tanpa eusi

6. Moro julang ngaleupaskeun Peusing

7. Nu asih dipulang sengit, nu nyaah dipulang moha

8. Nu teuleum disimbeuhan

9. Ngarawu ku siku

10. Sabuni-buni nu ngising

11. Monyét ngagugulung kalapa

12. Nyalindung ka gelung

13. Agul ku payung butut

14. Ngijing sila béngkok sembah

15. Gindi pikir belang bayah

16. Goong nabeuh manéh

17. Kandel kulit beungeut

18. Luncat mulang

19. Kabawa ku sakaba-kaba

20. Pindah pileumpangan

21. Élmu ajug

22. Cul dogdog tinggal igel

23. Pagirang-girang tampian

24. Cara kuda leupas ti gedogan

25. Nyieun pucuk ti girang.


Sabenerna loba kénéh paribasa nu lianna nu teu kasebut (kabéhna aya 500). Tapi ku conto nu aya di luhur, sahenteuna urang meunang sawangan ngeunaan naon waé nu ceuk urang Sunda kurang hadé atawa leuwih hadé teu dipigawé. seurikeun batur nu keur kamusibahan, jalma nu sarakah, jalma nu goréng haté, jalma nu teu apal mangpaat nu dipiboga, salaki nu ngandelkeun hirup ti pamajikan, jalma nu agul ku katurunan hungkul, jalma nu teu boga cedo, jalma nu omonganana teu bisa dicekel, jalma nu hayang meunang sorangan, jalma nu sok nyieun siduru –éta téh kabéhannana dianggap goréng. Artina, nilai anu dicepeng ku urang Sunda nyaéta sabalikna, saperti kudu istikomah, kudu satia, kudu jujur, kudu handap asor, kudu tanggungjawab, jeung sajabana. Kabéhannana mangrupa nilai-nilai positif nu jadi dasar ajaran Islam.


Di akhir paragraf seratanna, Ajip nandeskeun:


“Dengan demikian walaupun jumlah peribahasa yang tampak Islami tidak banyak, namun kalau diteliti lebih lanjut, kebanyakan peribahasa Sunda ternyata mengandung nilai-nilai yang sesuai dengan ajaran Islam.”


Pangandika Alloh subhanahu wa ta’ala:


وَلَقَدْ بَعَثْنَا فِيْ كُلِّ اُمَّةٍ رَّسُوْلًا اَنِ اعْبُدُوا اللّٰهَ وَاجْتَنِبُوا الطَّاغُوْتَۚ فَمِنْهُمْ مَّنْ هَدَى اللّٰهُ وَمِنْهُمْ مَّنْ حَقَّتْ عَلَيْهِ

الضَّلٰلَةُۗ فَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَانْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُكَذِّبِيْنَ

“Jeung satemenna Kami parantos ngutus rasul ka satiap umat pikeun sinembah ka Alloh, ogé pikeun ngajauhan thagut. Maka, di antara maranéhna aya nu meunang pituduh ti Alloh, aya ogé di antara maranéhna nu geus pasti sasar. Prak geura barangsiar di marcapada tuluy perhatikeun kumaha pamustunganna jalma-jalma nu dadaku” [Q.S. An-Nahl : 36].


Pidawuh Rosululloh shalla-llahu ‘alaihi wa sallam :

“Saéstuna kawula diutus pikeun nyampurnakeun akhlak-akhlak nu hadé” (H.R. al-Bukhari)

dina kitab al-Adabu l-Mufrad, Ahmad, alHakim, jeung kekecapanana ti al-Baihaqiy).


Ayat al-Qur’an di luhur jadi bukti yén satiap umat manusa kungsi kasumpingan rosul, utusan Alloh, anu ngélingkeun manusa sangkan tauhid ka Alloh. Kecap salajengna dina ayat ieu méré iber ka urang yén aya nu meunang pituduh jeung aya ogé anu kalah sasar. Nepi ka ahirna Alloh ngutus rosul nu terakhir pikeun ngaluarkeun jalma tina sasar kana pituduh. Kitu deuih hadits diluhur nuduhkeun yén Islam nyampurnakeun hadé tata jeung hadé basa nu aya di tiap umat, kaasup Sunda.


Nalika Islam sumebar di tatar Sunda, masarakat narima kana ajaranana nu mémang teu patojaiah jeung kayakinan sarta kabudayaan urang Sunda. Sumpingna Islam ka tatar Sunda jadi panyampurna tina worldview/weltanschaung (papagon) urang Sunda. Panyampurna pikeun ngalaksanakeun saré’at nu can dipilampah. Panyampurna ogé dina palebah téologi jeung étikét nu geus dipimilik ku urang Sunda saacan sumpingna ajaran panutup para rasul, Islam téa. Malihan dina fakta histori, masarakat Sunda geus nganggem Islam salila mang-abad-abad. Ieu nuduhkeun yén Islam geus ngagurat pageuh dina aci-acining ati masarakat Sunda.


Ku kituna urang Sunda anu ngaleupaskeun Islam dina dirina sacara teu langsung geus ngaleupaskeun kasundaanana ogé. Islam hésé leupas dina diri urang Sunda lir ibarat gula jeung peueutna, adu manis kabudayaan Sunda jeung ajaran Sunah (nyunda, nyunah). Islam geus jadi ati Sunda, jati Sunda.


(SUMBER: MAJALAH IBER ANYAR | EDISI 01 THN. I - PEBRUARI 2022)



BACA JUGA:

Momentum HPN 2025, KH Sofyan Munawar: Pers Harus Sajikan Informasi Maslahat