6. Lasjkar Islam
Taun 1937 majalah Lasjkar Islam medal, ngamuatkeun artikel-artikel anu petingan tina Pembela Islam (Federspiel, 1966; Dadan Wildan, 2015: 57). Teu acan kapaluruh saha-sahanana anu ngokolakeunana.
7. Al-Hikam
Dua taun sabadana, medal majalah Al-Hikam, ngamuatkeun artikel-artikel petingan tina Al-Lisaan (Federspiel, 1966; Dadan Wildan, 2015). Ieu gé teu acan kapaluruh saha-sahanana anu ngokolakeunana.
Numutkeun Federspiel mah, ti sakumna pustaka mangsa, majalah-majalah anu medal téh bagéan anu kawilang penting téh nya rohangan/rubrik "Sual Djawab", anu mana salasaurang staf éditorialna, biasana Ahmad Hassan, tatapi sakapeung mah disuluran ku Haji Mahmoed Aziz atanapi ku Muhammad Moenawar Chalil, baris mairan sakur pananya ti nu maraca, pasualan-pasualan anu biasa diajengkeun ka rumpaka téh tumali jeung pasualan penting sabudeureun agama, ti kawit ibadah tug dugi laku lampah sosial jeung pulitik (Federspiel, 1966; Dadan Wildan, 2015).
Federspiel (1966) ogé nandeskeun yén ajén-inajén PERSIS kana ihtiar penerbitan téh—anu malah nepikeun kasebut cicirén Persatuan Islam—ti saméméh mangsa perang, tuluy lumangsung sabadana ngaliwatan penataan ulang struktur ieu organisasi. Majalah munggaran anu medal sabada perang (pasca merdéka) nyaéta majalah Aliran Islam, taun 1948. Sok sanajan sanés resmi nu medalkeunana PERSIS, tatapi ieu majalah téh midangkeun sawatara tulisan ti anggota PERSIS, saperti Isa Anshary—anu jadi pamingpin umum redaksi—Moahammad Natsir, jeung E. Abdurrahman. Ieu majalah umumna mah ngawahas jejer nu tumali jeung pulitik, pancén Islam dina widang pulitik, jeung aya gantar-kakaitna kana pamikiran Masyumi tina perkara isu-isu utama pulitik.
Taun 1949-na atuh medal deui majalah At-Taqwaa anu kadua kalina ku Persatuan Islam Bandung. Dina mangsa-mangsa At-Taqwaa anu kadua kalina ieu medal, salian ti ku Ustadz E. Abdurrahman téh, saterasna mah katerangan rumpakana disebutkeun “diuasahakeun ku Guru-Guru Persatuan Islam”, ka dituna urang baris mendakan seratan Ustadz E. Abdullah, Rubai Widjadja, samalah aya seratan M.A. Salmoen, salah saurang sastrawan kalih ahli basa Sunda anu kakoncara, kantos ngiring nyerat.
8. Al-Muslimun
Dina taun 1954 medal majalah Al-Muslimun, cék Federspiel mah medalna dugikeun ka taun 1954. Ieu majalah téh mangrupakeun majalah anu leuwih serieus. Medalna di Surabaya, tatapi saenyana masih bagéan tina Persatuan Islam Cabang Bangil. Al-Muslimun boga lalakon jadi majalah atikan ngeunanan agama jeung loba midangkeun fatwa tur tulisan anu nyambung. Jejerna mah teu tebih tina perkara agama, ushul fiqih, musthalah hadits, kajian Al-Qur’an, jeung taréh singget para Nabi. Seratan-seratan anu midang téh seringna mah ngagero kana perlawanan ka sékularisme, komunisme, jeung atéisme (Federspiel, 1966).
Taun 1956 medal kadua kalina majalah Pembela Islam di Bangil, diusahakeun ku A. Hassan. Tatapi sakumaha kungsi disubat-sabit di luhur, medalna kawates jeung sakedap. Wangunna nyeplés jeung Al-Muslimun, réréana artikel anu dipidangkeun téh artikel anu madungdengkeun kamandang pulitik atawa pabentar paham antara kelompok Muslimin jeung non-Muslim.
Sawatara deui majalah téh medal di Bandung, antarana nyaéra Hudjdjatul Islam. Ieu majalah sacara resmi dipedalkeun ku Persatuan Islam, mung medal sakali, tacan kapaluruh titimangsa medalna. Tatapi cék Federspiel deui waé, tulisan-tulisan anu midang dina ieu majalah téh aralus, anu nyieun gantar-kakait sajarah Islam jeung kaayaan Indonésia harita. Ieu majalah téh teu midangkeun wahasan fatwa-fatwa (Federspiel, 1966: 167-168).
9. Suara Ahlis Sunnah wal Djama’ah
Di Jakarta, taun 1956 medal majalah Suara Ahlis Sunnah wal Djama’ah anu diusahakeun ku Persatuan Islam Cabang Jakrta, dina waktu anu singget. Teu acan kapaluruh para panaratasna. Dina kisaran taun 1947 jeung 1960-an mah, aya medal Al-Hikam, teu resmi jadi majalah PERSIS, tapi nu nulisna euyeub ku aktivis ti Persatuan Islam, saperti Isya Anshary, M. Natsir, Ali Alhamidy jeung Moenawar Chalil (Federspiel, 1966: 168).
10. Risalah
Persatuan Islam sacara resmi medalkeun majalah Risalah, dina taun 1962. Cék Federspiel, dina édisi-édisi munggaran ieu majalah téh loba midangkeun iber-iber anu tumali jeung tumuwuhna warta kaorganisasian ti cabang-cabang, ku basa Indonésa atawa ku basa Sunda (Federspiel, 1966: 168). Panaratasna nyaéta Junus Anis & KH.E. Abdurrahman. Mangsa Junus Anis kapeto janten Sékum PP Pemuda Persatuan Islam, kalayan pangrojong ti ibu-ramana (KH. E. Abdurrahman & Hj. Komara), Junus Anis sareng Ustadz E. Abudurrahman naratas medalna majalah Risalah, anu medal munggaran dina kaping 1 Maret 1962.
Numutkeun Pépén Irfan Fauzan dina tulisanana, “Junus Anis (1929-1972): Konseptor Formula Kaderisasi Jam’iyyah", salian ti Junus Anis, anu kacatet aya sawatara kader-kader PERSIS lianna anu ngokolakeun Risalah, nyaéta Achmad Chalid sareng Ai Conara.
Taun 1962, Ai Conara téh tasykil PP. Pemuda Persatuan Islam bagian penyiaran, nya otomatis baé anjeunna jadi Pamingpin Umum majalah Risalah, ari Achmad Chalid mah, baladna Junus Anis di PP. Pemuda. Dina taun 1962-1965, Achmad Chalid téh Sekrétaris I PP. Pemuda Persatuan Islam, maturan Junus Anis anu janten Sekum PP. Pemuda Persis, dina mangsa kapamingpinan Ustadz Suraédi salaku Pamingpin Umum Pemuda Persatuan Islam (Fauzan, 2023).
Ustadz Junus Anis ngantunkeun taun 1972. Teras diteraskeun ku Ustadz E. Abdurrahman dugi anjeunna ngantunkeun taun 1983. Ti harita mah tos ngalaman sawatara kali gentos pamingpin umum, pamingpin rédaksi, atuh pon kitu deui rumpaka sareng tata-usahana saparakanaca ogé kitu. Tangtos aya mangsana nanjeur, aya mangsana kadungsang-dungsang, ngararasakeun aimis kareueutna kitu ogé pait peuheurna mertahankeun sangkan tuluy bisa medal. Risalah mah living legend, masih medal dugi ka danget ieu, geus méh 60 taun umurna. Majalah anu miboga tagline: “Bacaan Peneguh Hati” ieu, minangka publikasi PERSIS anu kudu dirojong ku urang sadaya sangkan terus hirup kalawan huripna. Kanggo kontén majalah Risalah mah tos teu bireuk deui keur urang sadaya, mugia baé teras midangkeun rupaning seratan anu pepel tur munel, pasualan ibdah, mua’amalah, sajarah, paédaha lian ti karasa ku sabudeureun warga jam’iyyah, tapi muga baé karasa mangpaatna keur umat Islam salega-legana. Medal teras dugi jaga.
BACA JUGA:Kamandang Budaya: Niténan Sawatara Média Lokal Persatuan Islam