Ku: Rumpaka Iber Anyar
NGAHAJA rumpaka nyusun ieu tulisan téh minangka pangéling-ngléling, yén sual medalkeun pustaka mangsa (média massa) di sabudeureun Persatuan Islam mah kacida dalitna. Ogé kanggo ngalap sumanget sareng tuladeun ti para panaratas anu tos mukakeun lawang tur ngokolakeun sakur pustaka mangsa nu medal ti waktu ka waktu di Persatuan Islam (PERSIS).
Deuih, nyoréang ka tukang téh teu pisan-pisan rék ngagugulung romatisisme, tapi sangkan jadi dadasar pikeun milih titincakan ka hareupna. Nyutat kana kasauran D. Suria Saputra—anu dicutat deui ku M.A. Salmun dina Kandaga (kaca 117, taun 1958), kieu unina: “Ngulik sajarah téh lain geusan diapalkeun, tatapi pikeun padoman pilakeun. Ka tukang nyoréang léngkah, ka hareup ngadeuleu jeujeuh.”
Naha jaman harita, umat Muslim di Indonésia (Hindia-Walanda) bet réa anu medalkeun majalah? Mun niténan panalungtikan Yudi Latief (2012) dina Intelegensia Muslim dan Kuasa: Genealogi Intelegensia Muslim Indonesia Abad ke-20, baris kasawang ku uang, ti barang mimiti rembes jeung mucunghulna kasadaran kana 'wacana kemadjoean'; gumelarna ruang publik; vernacular press/pérs lokal anu maké basa Indung jadi média pikeun nyalabarkeun ideu-ideu kemadjoean jeung perlawanan; ogé rambat kamaléna jeung gerakan pembaharuan Islam ti Mesir nu aweuhanana nepi ka Nusantara antarana ngaliwatan majalah jeung buku, balukarna ngahudang sumanget pembaharuan di dieu; padungdengan antara kaom toea-kaoem moeda; lian ti kitu, ogé pangrojong anu datangna tina widang atikan, ku tumuwuhna sumanget ngayakeun sakola-sakola pikeun urang Bumiputera (Latif, 2012).
Nya salasahiji bati tina sumebarna wacana kemadjoean jeung pembaharuan téh, nyaéta aya mangsana umat Muslim di Nusantara, silisalabarkeun gagasan kaislamanana, tur milih jalur dakwahna ku cara medalkeun pustaka mangsa jeung buku. Persatuan Islam ogé salasahijina.
Sawatara Pustaka Mangsa nu Dipedalkeun ku Persatuan Islam
1. Pembela Islam
Sabab mimiti ngadegna PERSIS téh tina guha garba study club, anu harita mah disebut Lezing Igama Islam, nalika ngadeg taun 1923 téh wangun organisasina anu munggaran nyaéta hiji committee (komite), anu mana masih dina wangun paguyuban basajan. Ku kituna, nalika para anggotana mibutuh hiji jaringan keur pergerakan, stratégina nyaéta ku cara nyieun komite anyar. Sawatara kali PERSIS nyieun komite, salasahijina nyaéta Komite Pembela Islam. Ieu komite téh medalkeun pustaka mangsa anu kakocara, ngaranna Pembela Islam. Sakumaha anu ditétélakeun ku Pépén Irfan Fauzan dina panalungtikanana, "Dari Committee ke Hoofd Bestuur: Persatoean Islam dan Pembela Islam di Bandung 1929-1935” (Fauzan, 2023).
Dina “Perjalanan Sejarah Persatuan Islam” (sajeroeun buku Anatomi Gerakan Dakwah Persatuan Islam, 2015), Dadan Wildan, muka lalakon tumali publikasi PERSIS ku carita, kieu lalakonna, “Hiji mangsa, murid-murid AMS (Algemene Middelbare School)—satata jeung SLTA kiwari—di Bandung, kungsi diwajibkeun miluan acara di garéja, meneran harita téh aya pastor anu ceramah, jejerna kanabian Nabi Muhammad di payuneun murid-murid AMS (dua urang di antara murid AMS anu aub téh nyaéta Muhammad Natsir jeung Fakhruddin Al-Kahiri, dua murid A. Hassan kuanjeun anu kapaksa kudu miluan). Ceramah téh mulana ngaguar ngeunaan kanabian Nabi Muhammad jeung Islam, horéng ana nu duaan ngabandungan ceramah pastor, geningan eusina téh réa ku panglélécé jeung pangjejeléh ka Islam, bari jeung tanpa arguméntasi anu kuat (Wildan, 2015: 57). Ieu lalakon téh kaguar ogé ku Pépén Irfan dina tulisanana (Fauzan, 2023).
Mayunan masalah nu samodél ieu, Komite Pembela Islam nyieun béréndélan pernyataan jeung wincikan keur ngabantah éta ceramah, muatkeuneun dina surat kabar, sangkan tétéla ka balaréa saliruna eusi ceramah éta pastor. Anu kapancénan nyieun bantahan éta taya sanés M. Natsir kuanjeun, nu saméméhna diparios heula ku A. Hassan. Ieu bantahan téh dikirimkeun ka surat kabar AID (Algemeen Indische Dagblad de Preangerbode), tapi éta surat kabar téh nampik. Ngan, sabadana M. Natsir ngajéntrékeun yén eusi caramah pastor dimuatkeun ogé, kakara wé pihak redaksi narima tulisanana. Kitu kira-kirana gambaran ketakna Komite Pembela Islam, di mana aya masalah atawa pangjejeléh ka Islam, tara ngantep, lagsung baé nyieun balesan mangrupa bantahan kana pangjejeléhna. Seringnana mah keur nyieun bantahan-bantahan ka nu ngajejeléh téh, Komite Pembela Islam ngamuatkeun tulisan-tulisanana dina majalah Pembela Islam nu medal ti Oktober 1929 (Dadan Wildan, 2015; Fauzan, 2023).
Badri Khaeruman, dina Persatuan Islam: Sejarah Pembaruan Pemikiran Kembali Kepada Al-Qur’an dan Al-Sunnah (2010: 68), nétélakeun yén lian ti M. Natsir, Fachroeddin Al-Kahiri ogé ngilu ilubiung dina ngokolakeun Pembela Islam, samalah kungsi jadi pamingpin ieu majalah.
PERSIS medalkeun majalah Pembela Islam di mana ieu majalah téh jadi kasempetan Natsir jeung A. Hassan pikeun ngedalkeun kamandangna. Natsir pohara neundeun perhatian kana pirang-pirang pasualan nu mucunghul, utamana pasualan anu patula-patali jeung masalah kaislaman. Numutkeun Dadan Wildan (2015), harita ieu majalah téh bisa jadi cicirén pikeun sikep “menentang”-na PERSIS, panginditanana sangkan nanjeurna ajaran-ajaran Islam anu dihalang-halang ku pihak anu miceuceub Islam, lian ti keur nyalabarkeun eusining pamikiran-pamikiran ti PERSIS sorangan.
Oplah majalah Pembela Islam kungsi nepi kana 2.000 éksemplar, anu sumebar méh ka daérah-daérah di Sulawesi, Kalimantan, Minangkabau, jeung di Jawa Barat. Samalah nepi ka Malaya jeung Muangthai. Nu maraca, utamana, ti pakumpulan pembaharu, saperti para anggota Muhammadiyah jeung Al-Irsyad. Ieu majalah kapaksa eureun medal lanataran masalah modal citakna anu ngan wungkul ditangkes ku waragadna A. Hassan kuanjeun, deuih, lanataran ayana panyaram medal anu dikaluarkeun ku pamaréntah kolonial Walanda dina taun 1935, alesanana duméh geus nyerang ka agama Kristen anu meunang panyalindungan ti pamaréntah kolonial. Ti wiwitan nepikeun ka wekasan, salila genep taun ieu majalah mungkas lalakonna dina nomor ka-71 (Wildan, 2015: 58).
Deliar Noer, dina bukuna Pergerakan Moderen Islam Indonesia 1900-1942 (1982: 03) nétélakeun, Pembela Islam téh mimitina sempet medal saban bulan, kungsi ogé medalna jadi dua minggu sakali, tapi aya kalana magol medalna nepikeun mangbulan-bulan, nya cenah lantaran perkara kauangan. Mun sacara kaorganisasian mah mémang ieu majalah téh aya dina kapangurusan PERSIS, tapi lila-lina mah éstu diusahakeun ku A. Hassan wungkul. Alesan lianna, numutkeun Pépén Irfan Fauzan mah, margi KH. Zam-zam téh tos mundur tina jabatan ketua. Katurug-katutuh lantaran ayana panyaram keur medalkeunana ku pamaréntah Hindia Walanda (Fauzan, 2023). Ari numutkeun Howard M. Federspiel dina Persatuan Islam: Pembaharuan Islam Indonesia Abad XX (1966) mah, Pembela Islam kungsi medal deui dina taun 1956 di Bangil, nanging publikasina kawates jeung heureut tug dugikeun ka lirenna deui.
2. Al-Fatwaa
Taun 1931 PERSIS medalkeun majalah Al-Fatwaa, basa panganteurna ku basa Malayu anu dituliskeun ku Arab Pégon (aksara Jawi). Al-Fatwaa mah eusina ngan wungkul sabudeureun masalah agama, tanpa aya tulisan-tulisan nu sikepna nentang ka pihak-pihak luareun Islam. Sakumaha atra tina ngaranna, ieu majalah téh réréana ngawahas élmu pagaweruh kaagamaan sarta hukum-hukum Islam anu dumasar kana Al-Qur’an jeung as-Sunnah. Ais pangampihna nyaéta Muhammad Yunus, Haji Zam-zam, Muhammad Ma’shum kalih A. Hassan.
Sirkulasi Al-Fatwaa kungsi nepi ka 1.000 éksemplar, sumebar ka Sumatera jeung Kalimantan, deuih kurang leuwihna aya 100 urang nu ngalanggan ti Singapura. Lalakon panungtungan ieu majalah téh dina sasih Oktober 1933, sabana medal 20 nomor (Dadan Wildan, 2015; Federspiel, 1966).
3. Al-Lisaan
Pembela Islam jeung Al-Fatwaa geus tumpur, mucunghul deui Al-Lisaan nu jadi sirung gagantina, édisi kahiji medal dina titimangsa 27 Désémber 1935 kalayan midangkeun extra nomor "Verslag Debat Taqlied". Aya béréndélan katrangan harga dina jilid f 0.20 (kajaba anu extra "Verslag Debat Taqlied" mah hargana f 0.50). Ari keur nu rék ngalanggan, mun aya di Indonésia hargana f 0.20. Nu rék ngalanggan di luareun Indonésia, hargana f 0.25. Alamat kantor redaksina, maké katrangan “Pedjabat Al-Lisaan, Lengkong Besar 90, Bandoeng.”
Sakumaha dua lanceukna, medalna ieu majalah salasahijina pikeun nandeskeun éksisténsi PERSIS salian ti propaganda jeung keur nangkis rupa-rupa serangan ti lawan-lawanna. Dina Al-Lisaan No. 1, 27 Désémber 1935, rumpaka anu ngawanohkeun dirina ku “Pengarang dan Pengoeroes Al-Lisaan”, nétélakeun:
“Lantaran merasa perloe kepada roeh dan djiwa oentoek perkoempoelan, maka Persatoean Islam (Persis) dan anggauta-anggautanya telah menerbitkan madjallah Pembela Islam dan Al-Fatwaa. Dengan beberapa sebab, terpaksa doea madjallah jang terseboet itoe diberhentikan. Seoeodah berhenti doea madjallah itoe, kami merasa sebagai badan jang tidak bernjawa, sebagai djisim yang tidak berdjiwa, dan sebagai djasad yang tidak bersemangat. Timboel voorstel-voorstel dan terbit ichtiar-ichtiar, boeat memasoekkan roeh di badan jang merasa mati itoe, maka terbitlah 'Al-Lisaan' ini, djadi penggati Pembela Islam dan Al-Fatwaa sebagai soeara Persis dan Persistri.”
Ieu pustaka mangsa téh medal lumayan lila ti jaman Walanda tug nepikeun ka taun 1942, mangsa awal Jepang ngajajah. Al-Lisaan medal di Bandung ti nomber 1 nepikeun ka nomber 46, tapi ti saprak Méi 1940, ti mimiti nomber 47 nepi nomber 65 anu pamungkas, medal di Bangil. Meneran jeung ngalihna A. Hassan ti Bandung ka Bangil. Ti kawit medal ping 27 Désémber tug eureun dina ping 1 Juni 1942, sabadana medalkeun 65 nomber, ieu majalah téh miboga sirkulasi rata-ratana nepi ka 2.000 éksemplar (Dadan Wildan, 2015; Federspiel, 1966).
5. At-Taqwaa
Dina taun 1936 medal majalah At-Taqwaa, ais pangampihna E. Abdurrahman kalih O. Qomaruddin, diusahakeun ku Persatuan Islam Cabang Bandung bagian Tabligh. Basa panganteurna ku basa Sunda, numutkeun Syafiq Mughni (1994), ieu majalah ngahaja ditujulkeun pikeun urang Sunda anu teu tiasa basa Malayu. Dumasar wawancara Howard M. Federspiel sareng Junus Anis, sacara umum mah eusi At-Taqwaa téh sawatarana beunang nyokot tina koléksi artikel Pembela Islam jeung Al-Lisaan, tatapi husus anu jejerna perkara meresihan tina sésa-sésa agama Hindu jeung Pagan nu nyampur dina prakték kaagamaan (Federspiel, 1966).
Demi medalna At-Taqwaa téh saenyana mah geus diwawar-wawarkeun ti taun 1935 mula. Dina Al-Lisaan No. 1, Désémber 1935, aya iklan di handapeun daptar eusi (fihrasat): “Berlanggananlah dengan ‘At-Taqwaa’ madjallah bulanan (Bahasa Sunda)” kalayan katerangan, “Diterbitkan oleh: Persatoean Islam Bandoeng Bahagian Tabligh” katut alamat jeung hargana. Tuluy, aya deui iklanna dina Al-Lisaan No. 12, 23 Novémber 1936, sabulan saméméh At-Taqwaa medal. Iklanna lengkep nganggo gambar logo At-Taqwaa, jeung titimangsa pimedaleunana, ping 15 Désémber 1936.
Saméméhna dina eusi Al-Lisaan, pihak rumpaka anu tadina rék midangkeun conto "choetbah bahasa Sunda", ngan alatan teu kaburu jeung teu cukup rohangan keur ngamuatkeunana, dibéwarakeun ka nu maraca yén éta conto hutbah ku basa Sunda téh baris dipidangkeun dina At-Taqwaa, majalah basa Sunda anu baris medal ku Persatoean Islam Bandoeng Bahagian Tabligh, bakal medal dina poé Lebaran, 1 Syawwal 1355 H.
Iber baris medalna At-Taqwaa téh pada ngabagéakeun ku anggota PERSIS, umpanana ti daérah Kabupatén Bandung. Endong Natamidjadja, dina bukuna Sisi Lain Perjuangan Persatuan Islam di Kecamatan Pameungpeuk Kabupaten Bandung, nétélakeun:
“…Tatkala pelaksanaan salat I’ed selesai, diberitahukan oleh Ust. Qomaruddin (yang waktu itu menjadi khatib I’ed di lapangan Pameutingan, Pameungpeuk, Kab. Bandung) bahwa mulai tanggal 1 Syawwal 1355/15 Desember 1936 telah terbit majalah berbahasa Sunda bernama Majalah “AT-TAQWAA” yang dikarang/diisi oleh al-Ustadz E. Abdurrahman dan al-Ustadz. O. Qomaruddin, yang dikeluarkan oleh Persatuan Islam Cabang Tabligh. Dengan adanya majalah itu tambah berkembanglah ajaran Al-Quran dan as-Sunnah terutama di Pameungpeuk.” (Natamidjadja, 2012: 70)
Mimiti medal ping 15 Désémber 1936 tug dugi 1 Novémber 1937, aya 10 nomber. Ieu majalah anu maké susuluk nyutat Qur’an surat al-Baqoroh ayat 197 téh, hargana f 0.15 keur nu di Indonésia, jeung f 0.20 keur anu saluareun Indonésa, alamatna aya di Lengkong Besar 90 Bandoeng kanggo alamat administrasi, jeung di Pangéran Sumedangweg 39 (Jalan Otista kiwari) kanggo alamat redaksi. Para “pangarang”/rumpaka, dina éditorialna ngenalkeun ka nu maraca, muka carita ku basmalah teras uluk salam:
“Bismillahirrahmani ar-rahiimi
Assalamoe’alaikum w.w.
Parantos lami At-Taqwaa dikandoeng dina angen, estoe manteng dina emoetan, djadi peuting panjileukan, beurang panglamoenan.
Alhamdoelillah, ajeuna tiasa medal kalajan loengsoer-langsar, sarta doemeuheus ka para djoeragan sadajana, moega-moega bae sing pait daging, pahang toelang, tebih tina sagala mamala, dipaoeskeun joeswana, kalajan disiram koe rahmat noe maha soetji.
Koe emoetan teu aja deui djampena kangge, nolak panjakit sareng gogodana, lintang ti kedah diparantjahan koe kalimah: TI DIEU AT-TAQWANA, TI DJOERAGAN WARAGADNA.
Oepami ieu djampe mental, sarta kenging perhatian ti sadajana, ditanggel doegi ka leboer qiamat oge. At-Taqwaa tetep tjhenghar djagdjag, tebih tina panjakit “geledoeg tjes”.
Namoeng sabalikna, oepami teu aja anoe ngabajoean, teu aja noe ngahiap-hiap, tangtos At-Taqwaa maot dina aisan; majdoe moendoerna At-Taqwaa tergantoeng kana kasetiaan para djoeragan, sedengkeun ari moesnana At-Taqwaa eta berarti moendoerna penjiaran Islam.” (At-Taqwaa, No. 1, 15 Désémber 1936).
At-Taqwaa medal ngaduakalian taun 1949, ais pangampihna E. Abdurrahman sareng satuluyna aya katerangan “diusahakeun ku guru-guru Persatuan Islam”, anu ngusahakeunana Persatuan Islam Bandung, dicitak di percetakan Dachlan Bekti, kalaya harga écérna f 0,60.
Dumasar katerangan ti Federspiel, Deliar Noer, Syafiq Mughni, Tamar Djaja, jeung Dadan Wildan mah, umumna nyebutkeun ieu majalah téh medal nepi 20 édisi, jeung eureun medal dina taun 1941 kalayan sirkulasina 1.000 éksemplar. Pikeun bahan guareun urang, asana teu acan jinek iraha-irahana At-Taqwaa téh lirénna, sakaterang tina panyalusuran rumpaka Iber Anyar mah, At-Taqwaa téh médal dua kali, méméh Indonésia merdéka taun 1936-1937, jeung sabadana Indonésia merdéka (1949-…). Sabab mun nilik kana majalah At-Taqwaa nomber 10, aya artikel judulna “Datangna Katembong Tarang, Oendoerna Ge Tembong Poendoek,” ais pangampih (E. Abdurrahman jeung O. Qamaruddin) téh unjukan sakantenan sanduk-sanduk yén, “...Ajeuna parantos dongkap kana oegana sanaos dikepes-kepeskeun, diemboeng-emboeng. Parantos teu tiasa soemingkir deui, At-Taqwaa kedah liren … At-Taqwaa téh liren, kalawan sabalakana, sarta ieu nomber 10 kasanggakeun satjara nommer anoe panoetopan....” (At-Taqwaa No.10, 1 Novémber 1937, kaca 27-28), bari teu nyebatkeun marga-lantaranana.
Teras dina panganteurna E. Abdurrahman, dina At-Taqwaa nomber 1 taun 1949, inyana nyaurkeun (bari pancakaki supados nu maca teu pareumeun obor): “Réhing tos lami At-Taqwaa nyumput dina angen-angen, teu ngawujud jadi 'muballigh', bari diteraskeun alesan, “Medalna At-Taqwaa ngaduakalian téh, wungkul kajurung ku iman, sarta ku medalna majalah sapertos At-Taqwaa téh janten cicirén kana ayana paheuyeuk-heuyeuk leungeun sareng kana ayana 'ichwatun' anu nyata," lanataran saur E. Abdurrahman kuanjeun, “Lamun teu aya penerangan agama téh baris jadi karugelan ka sakumna pangeusi alam.” (At-Taqwaa, No. 1, 1 Januari 1949).
Tina bangkarak anu kapendak, sabeundeul At-Taqwaa pamaparin ti al-Ustadz Deni Hilman Abdullah (putuna al-Ustadz E. Abdullah), majalah At-Taqwaa anu medal ngaduakalian téh bangkarakna aya kana 30 édisi, ti taun 1947 dugi taun 1951 (nomber 30), tapi dina éta bangkarak nu sabeundeul téh dina nomber 30-na teu aya hiji ogé seratan anu maparinan informasi At-Taqwaa wekasan. Jadi curigana mah bisa waé medal kénéh leuwih ti 30 nomber, atawa mémang bisa jadi eureun teu nganggo béwara. Margi teu acan puguh lutung hideungna, ku kituna, ka sugri para mitra majalah Iber Anyar sadaya, boh bilih aya pamendak tumali sareng lirénna At-Taqwaa anu kadua kalina, mugi kersa maparinan iber ka rumpaka.
BACA JUGA:Guaran: Nyunda Nyunnah