*Sambungan Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan
https://persis.or.id/iber/read/guaran-ngadumaniskeun-agama-jeung-budaya-bag%C3%A9an1-?page=3
Parandéné kitu, lain hartina umat Islam teu boga budaya jeung nolak kana budaya. Agama anu sipatna abadi teu milu robah ku alatan robahna jaman. Keur umat Islam agama jadi ageman pangonjoyna dina nyinghareupan kahirupan. Mémang dina budaya ogé aya sababaraha bagéan anu eusina mangrupa ugeran keur jadi pituduh dina nyinghareupan kahirupan. Tapi mungguhing sipatna budaya nu tara angger, éta ugeran budaya dihin pinasti bakal nepi kana waktuna kakeunaan ku owah sakumaha sipatna manusa. Baheula mah lamun awéwé jeung lalaki nu lain muhrimna leumpang paduduaan dianggap ngarempak ugeran jeung kasopanan budaya Sunda atawa sok pada nyebut “pamali”. Tapi éta ugeran geus teu aya dina rumus budaya Sunda kiwari. Urang Sunda kiwari geus apilain jeung haré-haré lamun aya nu kitu téh. Padahal mah ugeran pamali dina sual ieu teh opat puluh taun ka tukang masih kénéh hirup. Hartina robahna ugeran dina budaya bisa kacida pisan gancangna. Sedengkeun ugeran dina agama mah teu robah. Ti saprak turun panyarek Allah SWT ngaliwatan Nabi Muhammad SAW yén ngadeukeutan zinah téh perkara anu kacida dipahingna atawa diharamkeun, tug nepi ka kiwari teu robah-robah.
Kusabab sipat agama Islam anu ajeg panceg teu galideur ku robahna jaman, maka umat Islam di jaman jeung tempat mana waé kudu nyekel deleg agama salaku ugeran utama dina nyinghareupan kahirupan. Ku ayana Islam, teu ngandung harti ugeran-ugeran nu geus nyampak hasil tina budaya manusa kudu diécagkeun jeung dipiceun. Sabab, ajaran Islam geus disaluyukeun jeung fitrah manusa. Lamun budaya mangrupa ciri wujudna manusa di ieu alam pawenangan, berarti ayana budaya téh mangrupakeun pangabutuh fitrah manusa. Ajaran Islam ogé lamun kitu pasti bakal loyog jeung kabutuh manusa ngadegkeun budaya. Urang jujut alesana naha bisa nepi kana kacindekan kitu.
Ajaran jeung ugeran anu ditetepkeun ku Allah SWT jadi bagéan tina agama Islam téh adeg-adegna mangrupa gurat badag dina kahirupan jeung perkara-perkara anu kacida pisan daria keur hirup kumbuh manusa di ieu alam pawenangan. Contona agama nyaram ngadeukeutan zina. Éta ugeran garis badag. Kumaha ieu ugeran dipraktekkeun dina kahirupan sapopoé? Sanajan sipatna leuwih téhnis, tapi ku alatan kecida daria, sababaraha perkara anu leuwih téhnis ditetepkeun deui ku agama saperti kudu nutup orat, kudu ngajaga panempo ka lawan jinis (ghaddul bashor), teu meunang paduduaan lalaki jeung awéwé nu lain mahrom (khalwat), teu meunang paantel kulit nu lain mahrom, jeung réa-réa deui. Lamun nepika perkara anu leuwih téhnis diatur ogé ku agama, terus di mana tempatna akal manusa anu bakal ngwangun adeg-adeg budaya? Sabenerna mah masih kénéh lega lolongkrang budaya anu bisa diadegkeun dina luhureun ieu ugeran agama. Kahiji, budaya bisa ngoréhan alesan-alesan anu kaharti ku pikir kahontal ku akal, naon alatana Allah SWT maké nyaram zinah jeung pagawéan liana anu bakal nutup lawang ngadeukeutan zinah. Ieu téh asup kana widang budaya anu ngaguliksek “meaning” (ma’na) tina hiji pagawéan. Kadua, budaya ogé bisa mikiran pagawéan-pagawéan naon anu sipatna leuwih tehnis pikeun ngawujudkeun ugeran agama di luhur. Umpana nutup orat. Maké naon orat téh ditutupna? Palebah dieu mah teu aya ugeran agama nu pasti. Manusia bisa nginjeum adat kabiasaan anu geus lumaku di tempat séwang-séwangan maké naon kuduna orat ditutup. Bisa waé kusabab di Arab mah geus ilahar maké gamis, maka nutup orat téh maké papakéan nu diaranan gamis. Tapi mungguh urang Sunda mah teu wawuh kana gamis ti baheula kénéh, maka teu kaasup goréng jeung salah lamun urang Sunda mah nutup orat téh maké kabaya nu diropéa sangkat bisa nutupan awak sangkan teu katémbong lunggak-linggekna awak; kahandapna maké samping kebat; sedengken orat dina sirah ditutupan maké sarupa karémbong nu diropea deui sangkan bisa nutupan beulah dada (jaib) salian ti buuk jeung sirah sakabéh.
BACA JUGA:Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan1